PERTANYAAN :
>
Assalamu’alaikum wr wb. Hoyong naros. Ngeunaan cium tangan ka orangtua, guru sakola, guru ngaji, ustadz, kiyai, mitoha sareng jalmi sepuh, naha sunat, atanapi aya katerangannana?
JAWABAN :
>
Hukum nyium panangan jalmi ‘Alim (berilmu), guru sareng kulawarga nu leuwih kolot terutama indung-bapa sareng mitoha eta sunnat sareng dianjurkeun sakumaha nu dilakukeun ku para sohabat ka kanjeng Nabi dumasar hadits kalawan sanad nu shohih...
وَيُسْتَحَبُّ تَقْبِيلُ يَدِ الْحَيِّ لِصَلَاحٍ وَنَحْوِهِ من الْأُمُورِ الدِّينِيَّةِ كَزُهْدٍ وَعِلْمٍ وَشَرَفٍ كما كانت الصَّحَابَةُ تَفْعَلُهُ مع النبي صلى اللَّهُ عليه وسلم كما رَوَاهُ أبو دَاوُد وَغَيْرُهُ بِأَسَانِيدَ صَحِيحَةٍ وَيُكْرَهُ ذلك لِغِنَاهُ وَنَحْوِهِ من الْأُمُورِ الدُّنْيَوِيَّةِ كَشَوْكَتِهِ وَوَجَاهَتِهِ عِنْدَ أَهْلِ الدُّنْيَا لِخَبَرِ من تَوَاضَعَ لِغَنِيٍّ لِغِنَاهُ ذَهَبَ ثُلُثَا دِينِهِ
“Sareng disunahkeun nyium panangan jalma nu masih hirup karena kahadeannana sareng sabangsana nu kaasup kahadean-kahadean nu sifatna ‘diniyyah' (agama), kaalimannana, kamuliaannana sakumaha nu dilakukeun ku para sohabat ka kanjeng Nabi Muhammad shollallaahu alaihi wa sallam dina hadits riwayat Abu Daud sareng lianna kalawan sanad hadits nu shohih.”
“Sareng dimakruhkeun nyium panangan hiji jalma karena kakayaannana atawa nu lianna nu sifatna duniawi saperti lantaran butuh sareng hajatnya ka jalma nu boga harta dunia dumasar kana hadits “Saha jalma nu ngarendahkeun diri ka jalma beunghar ku sabab kabeungharannana maka leungit 2/3 agamana”.
[Tina Kitab Asnaa al-Matholib III/114]
>
Muncul pertanyaan ka dua,kumaha lamun santri lalaki nyium tangan ibu kiyai atawa santri awewe nyium tangan ustadz/kiyai.Sareng anu tepatna nyiumna dina tarang,irung,atawa pipi?
>
وَيُسْتَحَبُّ تَصَافُحُ الرَّجُلَيْنِ وَالْمَرْأَتَيْنِ لِخَبَرِ ما من مُسْلِمَيْنِ يَلْتَقِيَانِ فَيَتَصَافَحَانِ إلَّا غُفِرَ لَهُمَا قبل أَنْ يَتَفَرَّقَا رَوَاهُ أبو دَاوُد وَغَيْرُهُ نعم يُسْتَثْنَى الْأَمْرَدُ الْجَمِيلُ الْوَجْهُ فَيَحْرُمُ مُصَافَحَتُهُ وَمَنْ بِهِ عَاهَةٌ كَالْأَبْرَصِ وَالْأَجْذَمِ فَتُكْرَهُ مُصَافَحَتُهُ كما قَالَهُ الْعَبَّادِيُّ وَتُكْرَهُ الْمُعَانَقَةُ وَالتَّقْبِيلُ في الرَّأْسِ وَالْوَجْهِ وَلَوْ كان الْمُقَبِّلُ أو الْمُقَبَّلُ صَالِحًا
“Disunnahkeun pikeun dua jalma lalaki atawa papada awewe sasalaman nalika papanggih dumasar kana hadits “Henteu ti dua urang muslim nu nalika patepung terus silih sasalaman iwalti maranehna dihampura dosana samemeh duanana papisah“ (HR. Abu Daud sareng nu lianna), dikecualikeun nalika papanggih jeung amrod (lalaki kasep nu teu kumisan) maka haram sasalaman jeung manehna, kitu oge jalma-jalma nu keur nyandang panyakit nular, saperti lepra sareng kusta maka makruh sasalaman jeung manehna sakumaha nu diterangkeun ku al-Ubbaadiy.
Sareng makruh silih rangkul sareng nyium sirah sarta raray nalika papanggih sanajan jalma nu nyium/nu dicium eta jalma sholeh“. [Kitab Asnaa al-Mathaalib III/114].
>
Ayeuna kumaha ngeunaan nyium tangan Ulama sareng para Haba’ib?
Nyium panangan para haba’ib sareng ulama ngarupakeun padamelan nu kacida dianjurkeun ku agama. Karena padamelan eta ngarupakeun salah sahiji bentuk penghormatan ka aranjeuna.
Dina hiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Abu Dawud dina Sunanna (juz II halaman 523, hadits nomer 524, citakan ka I taun 1410 H - 1990 M, Daar al Fikr Beirut Libanon)sareng Imam Thobroni dina al Mu'jam al Ausathna (juz I halaman 424, hadits nomer 425, tina maktabah syamilah), Sanad sareng matanna sakumaha di handap ieu (al Mu'jam al Ausath) :
حَدَّثَنَا أَحْمَدُ بْنُ خُلَيْدٍ ، قَالَ : نا مُحَمَّدُ بْنُ عِيسَى الطَّبَّاعُ ، قَالَ : نا مَطَرُ بْنُ عَبْدِ الرَّحْمَنِ الأَعْنَقُ ، عَنْ أُمِّ أَبَانَ بِنْتِ الْوَازِعِ بْنِ الزَّارِعِ ، عَنْ جَدِّهَا الزَّارِعِ ، وَكَانَ فِي وَفْدِ عَبْدِ الْقَيْسِ قَالَ : لَمَّا قَدِمْنَا الْمَدِينَةَ ، جَعَلْنَا نَتَبَادَرُ مِنْ رَوَاحِلِنَا ، فَنُقَبِّلُ يَدَيِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَرِجْلَيْهِ
Tos nyaritakeun ka kami, Ahmad bin Khulaid, nyaurkeun, tos nyaritakeun ka kami, Muhammad bin Isa ath thabba', nyaurkeun, tos nyaritakeun ka kami Abdurrahman al A'naq, ti Ummu Aban bin al Wazi' bin al Zari', ti akina, al Zari' sareng anjeuna jadi salah sahiji delegasi suku Abdil Qois, anjeuna nyaurkeun, Nalika nepi ka Madinah kami buru-buru turun tina kendaraan kami, terus kami ngecup tangan sareng sampean Nabi shollallohu 'alaihi wasallam
Dumasar kana hadits ieu, para ulama nyunnahkeun nyium tangan para haba’ib, para kiyai, para ustadz sareng para guru sarta jalma-jalma nu ku urang dihormati.
Imam Nawawi nyaurkeun dina kitab Raudhoh juz X halaman 36, citakan al Maktab al islami taun 1412 H -1991 M) saur anjeuna:
وَأَمَّا تَقْبِيلُ الْيَدِ ، فَإِنْ كَانَ لِزُهْدِ صَاحِبِ الْيَدِ وَصَلَاحِهِ ، أَوْ عِلْمِهِ أَوْ شَرَفِهِ وَصِيَانَتِهِ وَنَحْوِهِ مِنَ الْأُمُورِ الدِّينِيَّةِ ، فَمُسْتَحَبٌّ ، وَإِنْ كَانَ لِدُنْيَاهُ وَثَرْوَتِهِ وَشَوْكَتِهِ وَوَجَاهَتِهِ وَنَحْوِ ذَلِكَ ، فَمَكْرُوهٌ شَدِيدُ الْكَرَاهَةِ
Anapon nyium panangan, lamun karena kazuhudan sareng kasolehan jalmina, atawa karena ilmuna, atawa muliana, atawa karena manehna ngajaga perkara kaagamaannana, maka hukumna MUSTAHAB (disunnahkeun) Sareng lamun karena kaduniannana, kakayaannana sareng kapangkatannana jsb, maka hukumna kacida MAKRUH