Friday, October 25, 2013

Larangan Menyimpan Daging Qurban Lebih dari Tiga Hari

PERTANYAAN :
Assalamu'alaikum, Tumaros,aya nyaurkeun ka simkuring yen Daging Kurban eta teu meunang disimpen leuwih ti 3 poe.. Naha leres kitu ? Lamun leres nyuhunkeun 'Ibarohna.. ..

JAWABAN : 
>  
Wa'alaikum salam. Insya Allah Kenging,teu nanaon!... sanaos memang kantos aya larangan ti Rosulullah (aya nu nyaurkeun yen larangan eta sifatna Tahrim & aya oge nu nyaurkeun larangan eta sifatna Tanzih), tapi dina kasempatan sejen Rosulullah ngizinkeun ...  

فرع الادخار من لحم الأضحية يجوز أن يدخر من لحم الأضحية وكان ادخارها فوق ثلاثة أيام نهى عنه رسول الله صلى الله عليه وسلم ثم أذن فيه قال الجمهور كان نهي تحريم وقال أبو علي الطبري يحتمل التنزيه وذكروا على الأول وجهين في أن النهي كان عاما ثم نسخ أم كان مخصوصا بحالة الضيق الواقع في تلك السنة فلما زالت انتهى التحريم ووجهين على الثاني في أنه لو حدث مثل ذلك في زماننا وبلادنا هل يحكم به والصواب المعروف أنه لا يحرم اليوم بحال وإذا أراد الادخار فالمستحب أن يكون من نصيب الأكل لا من نصيب الصدقة والهدية وأما قول الغزالي في الوجيز يتصدق بالثلث ويأكل الثلث ويدخر الثلث فبعيد منكر نقلا ومعنى فإنه لا يكاد يوجد في كتاب متقدم ولا متأخر والمعروف الصواب ما قدمناه.قلت: قال الشافعي رحمه الله في المبسوط أحب أن لا يتجاوز بالأكل والادخار الثلث أن يهدي الثلث ويتصدق بالثلث هذا نصه بحروفه وقد نقله أيضا القاضي أبو حامد في جامعه ولم يذكر غيره وهذا تصريح بالصواب ورد لما قاله الغزالي والله أعلم.-روضة الطالبين وعمدة المفتين- 
(Kitab Roudlotut Tholibin wa ‘Umdatul Muftiin)

Dina Kitab al Majmu', syarah al Muhadzdab 8/396 : 

يجوز أن يدخر من لحم الأضحية ، وكان ادخارها فوق ثلاثة أيام منهيا عنه ثم أذن رسول الله صلى الله عليه وسلم فيه ، إلى أن قالوإذا أراد الادخار فالمستحب أن يكون من نصيب الأكل لا من نصيب الصدقة والهدية 

Meunang nyimpen daging qurban, (dina awalna) nyimpen qurban ngaleuwihan tilu poe eta dilarang, terus Rosulullah shollallahu 'alaihi wasallam ngidzinannana....... Lamun ngamaksud rek nyimpen, maka sunnahna bagian nu dituang, sanes bagian kanggo shodaqoh atawa hadiah. 

Dina kitab Sunan Tirmidzi 6/142, tina maktabah syamilah : 

باب مَا جَاءَ فِى كَرَاهِيَةِ أَكْلِ الأُضْحِيَةِ فَوْقَ ثَلاَثَةِ أَيَّامٍ 

Bab riwayat nu kawarid ngeunaan makruhna ngadahar daging qurban ngaleuwihan tilu poe

حَدَّثَنَا قُتَيْبَةُ حَدَّثَنَا اللَّيْثُ عَنْ نَافِعٍ عَنِ ابْنِ عُمَرَ عَنِ النَّبِىِّ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ « لاَ يَأْكُلُ أَحَدُكُمْ مِنْ لَحْمِ أُضْحِيَتِهِ فَوْقَ ثَلاَثَةِ أَيَّامٍ »......

Ti Ibnu Umar, ti kanjeng Nabi shollallaahu 'alaihi wasallam, mantena ngadawuh :"Salah saurang di antara aranjeun ulah ngadahar daging qurbanna ngaleuwihan tilu poe".

قَالَ وَفِى الْبَابِ عَنْ عَائِشَةَ وَأَنَسٍ. قَالَ أَبُو عِيسَى حَدِيثُ ابْنِ عُمَرَ حَدِيثٌ حَسَنٌ صَحِيحٌ. - وَإِنَّمَا كَانَ النَّهْىُ مِنَ النَّبِىِّ -صلى الله عليه وسلم- مُتَقَدِّمًا ثُمَّ رَخَّصَ بَعْدَ ذَلِكَ. 

Imam Tirmidzi nyaurkeun :"......hadits ibnu Umar hadits hasan shohih. Pelarangan ti kanjeng Nabi shollallaahu 'alaihi wasallam eta dina awalna, teras mantena masihan kamurahan saatos eta"(ngameunangkeun nyimpenna eta daging langkung ti tilu poe).

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Thursday, October 24, 2013

Hikmah Allah Menciptakan Langit dan Bumi dalam Enam Hari

Hikmahna nyaeta pikeun mere conto ka hamba Na pikeun taliti dina padamelan sareng dina sagala masalah,sareng mempertimbangkeun nalika ngalakukeun hiji perkara maka ulah gurung gusuh.Allah eta maha kawasa nyiptakeun langit sareng bumi dina sakiceup tapi Allah nyiptakeun langit sareng bumi dina 6 poe kalawan kira-kira poe dunia karena pikeun ngajarkeun sareng mere petunjuk kana katalitian dina hiji masalah sareng mempertimbangkeunnana.
Kitab Aesirut Tafsir Likalami Al ‘Aliyil Kabir,juz 2 hal 181 
أيسر التفاسير لكلام العلي الكبير (2/ 181) يحسن
التثبت في الأمر والتأني عند العمل وترك العجلة، فالله قادرٌ على خلق السمَّوات والأرض في ساعة ولكن خلقها في ستة أيام بمقدار أيام الدّنيا تعليماً وإرشاداً إلى التثبت في الأمور والتأني فيها

Oge dina Hasyiyah Showi,syarah Tafsir Jalalain juz 2 hal 78: Hikmahna Alloh nyiptakeun langit sareng bumi dina waktu 6 dinten eta mere pelajaran ka mahluk supaya alon-alon,rintih taliti,teu gurunggusuh dina ngalakukeun hiji perkara :

.إن ربكم الذي خلق السموات و الأرض في ستة أيام من أيام الدنيا أى قدرها أنه لم يكم ثم شمس ولو شاء خلقهن في لمحة، والعدول عنه لتعليم خلقه التثبت أى التمهل في الأمور وعدم العجلة. حاشية الصاوي ٢/٧٨

> Ngeunaan dawuhan Alloh dina al Qur’an:

و إذا قضى أمرا فإنما يقول له كن فيكون
( wa idza qodlo amron fa’innama yaqulu lahu kun fayakun ) 
Sareng lamun Alloh ngersakeun hiji perkara maka langsung kajadian saluyu sareng nu dikarepkeunnaNa.Nu saperti kitu nunjukeun bakatning tereh kajadian hiji perkara nu dikersakeun ku Alloh.Maka dzohirna ma’na kalimah: Sareng lamun Alloh ngersakeun hiji perkara maka Mantena ngan ngadawuh “Kudu jadi anjeun” maka eta perkara teh kajadian.

Kalimah ieu teu meunang difahami sareng dicandak dhohirna karena bertentangan sareng ayat LAISA KAMITSLIHI SYAI’UN , karena lamun dicandak ma’na dhohirna maka berarti Alloh ngadawuh bari aya huruf atawa soara bahkan bahasa nu terdiri tina huruf kaf sareng nun, maka lamun Alloh ngersakeun hiji perkara Allah ngadawuh KUN , KUN , KUN sareng satuluyna saluyu sareng bilangan makhluk nu dikersakeun kajadiannana sareng hal nu saperti kitu eta MUSTAHIL. Kalam Alloh teu sarupa sareng kalam makhlukNa. PENJELASAN Ustadz Ibnu Abdillah Al-Katibiy :
 Dina kitab Mukhtashor Jauharatut Tauhid halaman 45 disebutkeun sahubungan ma’na KUN FAYAKUUN sakumaha di handap ieu :والمرادبه انه متى اراد الشيء برز فهو كناية عن سرعة وجوده لا بلفظ كن" Nu dimaksud ku kalimat KUN (jadilah..) nyaeta iraha wae ... Allah ngersakeun nyiptakeun hiji perkara maka saharita oge muncul, kalimat KUN nyaeta hiji kinayah (kiasan) tina kacida cepetna kawujudan eta hiji perkara, lain ku ngucapkeun kalimat KUN (Jadilah)...".

Biografi Pengarang Kitab Hikam

Pengarang kitab al-Hikam nu kacida populer di nagri urang ieu eta namina Tajuddin, Abu al-Fadl, Ahmad bin Muhammad bin Abd al-Karim bin Athoillah al-Sakandari al-Judzami al-Maliki al-Syadzili. Anjeuna berasal ti bangsa Arab. Nenek moyangna asal ti Judzam nyaeta salah sahiji Kabilah Kahlan nu ka dituna ka Bani Yastrib bin Qohton, bangsa Arab nu terkenal kalawan Arab al-Aribah. Kota Iskandariah,kota sisi laut ieu ngarupakeun kota kalahiran sufi besar ieu. Hiji tempat di mana kulawargana calik sareng akina ngajar. Sanajan namina dugi ka ayeuna kacida seungit,tapi ngeunaan iraha sufi agung ieu dilahirkeun teu aya catetan nu tegas. Kalawan nalungtik perjalanan hirupna DR. Taftazani bisa ngira-ngirakeun yen anjeuna dilahirkeun sekitar taun 658 dugi ka 679 H.

Ramana kaasup sazaman sareng Syaikh Abu al-Hasan al-Syadili -pendiri Thoriqoh al-Syadziliyyah-sakumaha dicarioskeun ku Ibnu Athoillah dina kitabna Lathoiful Minan ‘Pun bapa nyaurkeun ka kami,hiji waktu kami nepangan ka Syaikh Abu al-Hasan al-Syadzili,teras kami nguping anjeuna nyaurkeun: “Demi Allah, aranjeun tos nanya ka kami ngeunaan hiji masalah nu kami teu apal jawabannana, terus kami manggihan jawabannana aya tertulis dina pena,samak sareng dinding tembok.”
Kulawarga Ibnu Athoillah eta kulawarga nu terdidik dina lingkungan agama, aki ti jalur nasab ramana eta saurang ulama fiqih dina zamanna. Tajuddin nalika rumaja tos diajar ka ulama tingkat luhur di kota Iskandariah saperti al-Faqih Nasiruddin al-Mimbar al-Judzami. Kota Iskandariah dina mangsa Ibnu Athoillah memang salah sahiji kota ilmu di semenanjung Mesir, karena Iskandariah seueur dihiasi ku para ulama dina bidang fiqih, hadits, usul, sareng ilmu-ilmu bahasa Arab, tangtu bae oge seueur tokoh-tokoh tasawwuf sareng para Auliya’ Sholihin.
Ku margi kitu teu heran lamun Ibnu Athoillah tumbuh salaku saurang faqih, sakumaha harepan ti akina. Tapi kafaqihannana terus berlanjut dugi kana tingkatan tasawuf. Hal mana ngajadikeun akina sacara terang-terangan teu mikaresepna.

Ibnu Athoillah nyarioskeun dina kitabna Lathoiful Minan yen akina eta saurang nu teu panuju kana tasawwuf, tapi anjeuna sareng para ulama sufi lianna sabar kana serangan ti akina. Di dieu guru Ibnu Athoillah nyaeta Abul Abbas al-Mursy nyaurkeun: “Lamun anak ti saurang ‘alim fiqih Iskandariah (Ibnu Athoillah) datang ka dieu, punten bejaan kuring”, sareng nalika kami datang, al-Mursi nyaurkeun: “Malaikat Jibril kantos sumping ka Nabi sasarengan sareng malaikat penjaga gunung nalika urang Quraisy teu percaya ka Nabi. Malaikat penjaga gunung teras uluk salam ka Nabi sareng nyaurkeun: ” He Muhammad.. lamun anjeun hayang, maka ku kami rek diragragkeun dua gunung ka maranehna”. Kalawan bijak Nabi nyaurkeun : ” Henteu,, kami miharep supaya engke bakal kaluar jalma-jalma nu bertauhid sareng teu musyrik ti maranehna”. Kitu oge, urang kudu sabar kana sikep aki nu ‘alim fiqih (aki Ibnu Athoillah) demi jalma nu ‘alim fiqih ieu.
Dina akhirna Ibn Atho’illah memang leuwih terkenal salaku saurang sufi besar.
Tapi menarik oge perjalanan hirupna, tina didikan nu murni fiqh dugi ka bisa ngahijikeun fiqh sareng tasawuf. Ku margi kitu buku-buku biografi nyebutkeun riwayat hirup ibnu Athoillah jadi tilu mangsa :

Mangsa ka hiji
Mangsa ieu dimimitian nalika anjeuna calik di Iskandariah salaku pencari ilmu agama saperti tafsir, hadits, fiqih, usul, nahwu sareng nu lianna ti para ‘alim ulama di Iskandariah. Dina periode eta anjeuna terpengaruh pemikiran-pemikiran akina nu ingkar ka para ahli tasawwuf karena kafanatikannana kana ilmu fiqih, dina hal ieu Ibnu Athoillah nyarioskeun : “Kapungkur kami kaasup jalma nu ingkar ka Abu al-Abbas al-Mursi, nyaeta samemeh kami jadi murid anjeuna. Pendapat kami waktu harita yen nu aya ngan ulama ahli dzohir, tapi maranehna (ahli tasawwuf) mengklaim ayana hal-hal nu leuwih gede, samentara dzohir syariat eta nentangna.”

Mangsa ka dua
Mangsa ieu ngarupakeun mangsa pang pentingna dina kahirupan sang guru pemburu kajernihan hate ieu. Mangsa ieu dimimitian ti nalika anjeuna tepang sareng guruna, Abu al-Abbas al-Mursi, taun 674 H, sareng berakhir kalawan ngalihna ka kota Kairo. Dina mangsa ieu maka ilang/sirna kaingkarannana ka ulama’ tasawwuf. Nalika tepang sareng al-Mursi, anjeuna jatuh kagum,ajrih sareng simpati. Akhirna anjeuna nyandak Thoriqoh langsung ti guruna ieu. Aya carita nu menarik kunaon anjeuna kersa milih dunia tasawuf ieu. Hiji waktu nalika Ibnu Atho’ ngalaman goncangan batin, jiwana tertekan. Anjeuna bertanya-tanya dina hatena : “Naha memang sakuduna kuring benci kana tasawuf? Naha kaasup perkara nu bener lamun kuring teu mikaresep ka Abul Abbas al-Mursi ?. saatos lami kuring ngarenungkeun, ngalenyepan akhirna kuring ngawanikaeun karep pikeun nyaketan anjeuna, ningali saha al-Mursi teh sabenerna,naon nu ku anjeuna diajarkeun sajatina. Lamun memang anjeuna jalmi hade tur bener maka sadayana bakal katingali. Lamun teu kitu halna maka keun wae ieu jadi jalan hirup kuring nu teu bisa sajalan sareng tasawuf.
Terus kami datang ka majlisna. Kami ngupingkeun, ngaregepkeun ceramahna kalawan tekun ngeunaan masalah-masalah syara’. Ngeunaan kawajiban, kautamaan sareng sajabana. Di dieu jelas sadaya yen ternyata al-Mursi nu engkena jadi guru sajati kami ieu nyandak  ilmu langsung ti Alloh. Sareng sadaya puji kagungan Allah, Mantena tos ngaleungitkeun rasa bimbang nu aya dina hate kuring”. Maka saperti kitu, nalika anjeuna tos ngaraosan amisna tasawuf hatena makin kacangreud pikeun asup ka jero sareng leuwih jero deui. Dugi ka anjeuna gaduh sangkaan moal bisa jadi saurang sufi sajati iwalti kudu asup kana eta dunia sacara total, ngabeakkeun sakabeh waktuna pikeun sang guru sareng ningalkeun aktivitas sejen. Tapi sanaos kitu anjeuna teu wantuneun mutuskeun kahoyongna eta kecuali saatos kenging izin ti sang guru nyaeta al-Mursi.
Dina hal ieu Ibnu Athoilah nyarioskeun : “Kami nepangan pun guru al-Mursi, sareng dina hate kami aya kahoyong pikeun ninggalkeun ilmu dzohir. Teu acan sempet kami ngadugikeun naon nu terbersit dina hate kami ieu ujug-ujug anjeuna nyaurkeun : “Di kota Qous kami gaduh rerencangan namina IbnuNaasyi. Kapungkur manehna eta pengajar di Qous sareng salaku wakil pamarentah. Manehna ngarasakeun sakedik amisna toriqah urang. Terus manehna nepungan kami sareng nyaurkeun : “Guru abdi, naha saena abdi ngantunkeun tugas abdi ayeuna ieu sareng teras ngakhidmat bae ka anjeun?”. Kami nempo ka manehna sakedap,terus kami nyarios : “Ulah kitu dina toriqoh urang. Tetep anjeun dina kadudukan nu tos ditangtukeun Allah ka anjeun. Naon nu geus jadi takdir anjeun bakal nepi oge ka anjeun”.
Saatos sasauran saperti kitu nu saleresna eta nasehat pikeun kuring,anjeuna sasauran : “Saperti kieu kaayaan jalmi-jalmi al-Siddiqiyin. Maranehna sama sakali teu kaluar tina hiji kadudukan nu tos ditangtukeun Allah dugi ka Anjeuna nyalira nu ngaluarkeun maranehna”. Nguping penjelasan panjang lebar saperti kitu kuring sadar sareng teu tiasa ngucapkeun sakecap oge. Sareng alhamdulillah Allah telah ngahapus karagu-raguan nu aya dina hate kuring, ibarat kuring kakara tos ngudar pakean kuring. Kuring oge rido tenang kana kadudukan nu dipasihkeun ku Allah”.

Mangsa ka tilu
Mangsa ieu dimimitian ti mimiti pindahna Ibn Atho’ ti Iskandariah ka Kairo. Sareng rengse ku ngalihna ka haribaan Nu Maha Asih dina taun 709 H. Mangsa ieu eta mangsa kamatangan sareng kasampurnaan IbnuAthoillah dina ilmu fiqih sareng ilmu tasawwuf. Anjeuna ngabedakeun antara Uzlah sareng kholwah. Uzlah nurutkeun anjeuna eta mutuskeun (hubungan) ma’nawi sanes hakiki, dzohir sareng makhluk, nyaeta kalawan cara si Salik (jalmi nu uzlah) sok selalu ngontrol dirina sareng ngajagana tina tipuan duniawi. Nalika saurang sufi tos mantep kalawan uzlah-na sareng nyaman kalawan kasorangannana manehna asup kana tahapan kholwat. Sareng kholwat dipahami kalawan hiji cara menuju ka Dzat Alloh, kholwat eta ngarendahkeun diri di payuneun Allah sareng mutuskeun hubungan sareng salian Allah SWT.
Nurutkeun Ibnu Athoillah, ruangan nu alus pikeun kholwat eta nu jangkungna, sajangkung eta jalma nu kholwat. Panjangna sapanjang manehna sujud. Legana salebar tempat diukna. Eta ruangan teu aya lawang pikeun asupna cahaya panonpoe, jauh tina karamean, pantona rapet, sareng teu aya di jero imah nu loba pangeusina.

Ibnu Athoillah saatos dikantunkeun ku guruna Abu al-Abbas al-Mursi taun 686 H,jadi gaganti anjeuna dina ngembangkeun Toriqoh Syadziliah. Tugas ieu diemban ku anjeuna sajabina ti tugas ngajar di kota Iskandariah. Maka nalika pindah ka Kairo, anjeuna tugas ngajar sareng ceramah di Masjid al-Azhar. Ibnu Hajar nyaurkeun: “Ibnu Athoillah ceramah di Azhar kalawan tema nu matak tenang kana hate sareng ngahijikeun kasauran-kasauran kalolobaan jalma sareng riwayat-riwayat ti ulama salafus soleh, oge sagala macem elmu. Maka teu heran lamun pengikutna berjubel sareng anjeuna jadi simbol kasaean”. Hal nu sami oge diucapkeun ku Ibnu Tagri Baradi : “Ibnu Athoillah eta saurang jalmi sholeh, sasauran di luhur korsi guru al Azhar, sareng dihadiran ku hadirin nu seueur pisan. Ceramahna kacida karasa keuna kana jero hate. Anjeuna ngagaduhan elmu nu jero ngeunaan kasauran ahli hakekat sareng para ahli toriqoh”. Kaasup tempat ngajar anjeuna nyaeta Madrasah al-Mansuriah di Hay al-Shoghoh. Anjeuna ngagaduhan seueur murid nu terus jadi saurang ahli fiqih sareng tasawwuf, saperti Imam Taqiyyuddin al-Subki, bapana Tajuddin al-Subki, pengarang kitab Tobaqoh al-Syafi’iyyah al-Kubro.
Salaku saurang sufi nu ‘alim Ibn Atho’ ninggalkeun seueur karangan aya 22 kitab langkung. Ti mimiti elmu sastra, tasawuf, fiqih, nahwu, mantiq, filsafah nepi ka khitobah.

Karomah Ibn Athoillah
Al-Munawi dina kitabna Al-Kawakib al-durriyyah nyaurkeun: SyaikhKamal Ibnu Humam nalika ziarah ka makam wali besar ieu maca Surat Hud dugi ka ayat nu hartina: “Diantara maranehna aya nu cilaka sareng nu bahagia…”. Ujug-ujug kakuping sora tina jero liang kubur Ibn Athoillah bari tarik : “He Kamal teu aya di antara urang nu cilaka”. Demi nyaksikeun karomah agung saperti ieuIbnu Humam wasiat supaya dimakamkeun caket sareng IbnuAthoillah nalika maotna isukan.
Di antara karomah pengarang kitab al-Hikam ieu nyaeta, hiji waktu nalika salah sahiji murid anjeuna angkat naek haji. Di ditu si murid eta ningali Ibn Athoillah nuju thowaf. Anjeuna oge ningali sang guru aya di pengkereun maqom Ibrohim, di Mina sareng Arofah.Nalika mulang, manehna nanyakeun ka batur-baturna naha guruna angkat haji atawa henteu. Si murid langsung kaget nalika nguping baturna ngajawab “Henteu”. Kurang puas kana jawaban baturna, manehna nepangan guruna. Teras guru pembimbing spiritual ieu balik nanya : “Saha nu ku anjeun dipanggihan di ditu ?” terus si murid ngajawab : “Tuan abdi,abdi ningali tuan guru di ditu “. Bari imut al-Arif billah ieu nerangkeun : “Orang besar eta tiasa minuhan dunia. Lamun bae Wali Qutb dipanggil tina liang taneuh, manehna pasti ngajawabna.”

Ibn Atho’illah wafat
Taun 709 H eta taun kasedihan dunia mayapada ieu. Karena taun eta wali besar nu tetep abadi nami sareng kasaeannana ieu kedah ngalih ka alam barzah, langkung nyaketan ka Sang Pencipta.Tapi sanajan kitu madrasah al-Mansuriyyah tiasa untung karena di dinya jasad muliana papisah sareng sang nyawa. Rebuan nu ngalayad ti Kairo sareng sekitarna ngiringkeun kakasih Allah ieu pikeun dimakamkeun di pamakaman al-Qorrofah al-Kubro. 

Wednesday, October 23, 2013

Wali Songo: Sunan Ampel (Raden Rahmat)

Sunan Ampel nama aslinya adalah Raden Rahmat, lahir pada tahun 1401 M di Champa, sebuah negeri kecil yang terletak di Kamboja (Indo-Cina). Ibunya berasal dari Champa dan ayahnya berasal dari Arab.

Sunan Ampel menikah dengan Dewi Condrowati, putri Raja Majapahit Prabu Kertabumi, yang disebut juga dengan Nyi Ageng Manila. Dari perkawinannya ini, dianugerahi empat orang anak dan ada juga yang mengatakan enam orang anak, di antaranya ialah Maulana Makdum Ibrahim (Sunan Bonang) dan Syarifuddin (Sunan Drajat). Atas permintaan istri pertamanya itu Raden Rahmat menikah lagi dengan Siti Karimah, putri Ki Ageng Supa Bungkul.

Raden Rahmat mejumpai Arya Damar, Patih kerajaan Majapahit dan berhasil mengajaknya masuk Islam. Setelah masuk Islam namanya berganti Aryadillah. Beliau juga pendiri pondok Pesantren Ampeldenta Surabaya. 

Wali Songo: Syekh Maulana Malik Ibrahim

Maulana Malik Ibrahim dikenal juga dengan sebutan Syekh Maghribi. Beliau berasal dari Gujarat, India. Ada pula yang mengatakan bahwa beliau berasal dari Iran, dan ada pula yang mengatakan bahwa beliau berasal dari Arab keturunan Zainul Abidin bin Hasan bin Ali bin Abi Thalib.

Beliau menetap di Gresik dan wafat pada tanggal 12 Rabi'ul Awwal 822 H atau 1419 M, kemudian dimakamkan di Gresik, Jawa Timur.

Adapun jasa-jasa beliau adalah:
  1. Tahun 1379 M beliau datang ke Gresik dengan maksud mengislamkan Raja Majapahit yang beragama Hindu, namun gagal.
  2. Mendirikan Masjid dan pondok guna menggembleng dan mendidik kader-kader Muballigh untuk meneruskan perjuangan Islam.
  3. Beliau adalah pelopor utama dalam penyiaran agama Islam di Pulau Jawa.

Wali Songo

Wali Songo terdiri dari kata Wali dan Songo. Wali artinya orang yang sangat mulia dan dikasihi Allah. Sedangkan Song artinya Sembilan. Jadi wali songo adalah wali Sembilan atau Sembilan wali.

Adapun yang dimaksud wali songo adalah sembilan orang wali atau muballigh besar yang berjasa menyebarkan Islam di Pulau Jawa dan sekitarnya pada abad 15 dan 16 masehi. Adapun wali-wali tersebut adalah:
1. Syekh Maulana Malik Ibrahim
2. Raden Rahmat (Sunan Ampel)
3. Sunan Bonang
4. Sunan Giri
5. Sunan Gunung Djati
6. Sunan Kalijaga
7. Sunan Kudus
8. Sunan Muria
9. Sunan Drajat

Paradigma Pendidikan Islam


Mengumandangkan Takbir Selain Hari Raya

PERTANYAAN:
Assalamu'alaykum wr.Wb. Tumaros,kumaha hukumna ngumandangkeun TAKBIRAN dina poe-poe biasa?Margi aya acara caket rorompok murangkalih diniyah lomba ngumandangkeun Takbir padahal tos seep hari tasyreq?Haturnuhun.Wassalamu’alaikum wr wb.

 JAWABAN: >>
Wa`alaikum salam.Di luar poe ied hukumna makruh tapi karena masih murangkalih nya keun bae....Numutkeun simkuring langkung sae ngumandangkeun takbir tibatan nyanyi lagu nu teu puguh.

Takbir Idul Adha dimimitian ti waktu subuh poe Arofah sapoe samemeh hari raya sareng berakhir saatos surup panon poe dina poe ka tilu tina poe-poe Tasyriq. Di handap ieu katerangannana :

وَيُكَبِّرُ مِنْ غُرُوْبِ الشَّمْسِ لَيْلَةَ العِيْدِ إِلىَ أَنْ يَدْخُلَ الإِمَامُ فيِ الصَّلاَةِ وَفيِ الأَضْحَى خَلْفَ الصَّلَوَاتِ الفَرَائِضِ مِنْ صُبْحِ يَوْمِ عَرَفَةَ إِلىَ العَصْرِ مِنْ آخِرِ أَياَّمِ التَّشْرِيْقِ (كفاية الأخيار جزء 1 ص 150)
Hartina :
Sakuduna jalmi maca takbir ti mimiti surup panon poe dina malem Idul-Fitri dugi ka isuk-isuk, tepatna nyaeta nepi ka Imam Idul-Fitri ngalakukeun sholatna.Sareng takbir Idul-Adha (salian dina malemna) eta tiap saatos sholat fardu ti mimiti tos subuh poe ‘Arofah (nyaeta sapoe samemeh lebaran tepatna tanggal 9 Dzulhijjah) dugi ka tos Asar akhir poe Tasyriq. (poe Tasyriq nyaeta tanggal 11, 12 sareng 13 Dzulhijjah) (Tina Syamilah – Kitab Kifayatul-Akhyar - Juz 1 hal. 150)

Di handap ieu lanjutan katerangannana :

يُسْتَحَبُ التَّكْبِيْرُ بِغُرُوْبِ الشَّمْسِ لَيْلَتَيْ العِيْدِ الفِطْرِ وَالأَضْحَى وَلاَ فَرْقَ فيِ ذَلِكَ بَيْنَ المَساَجِدَ وَالبُيُوْتِ وَالأَسْوَاقِ وَلاَ بَيْنَ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَعِنْدَ ازْدِحاَمِ الناَّسِ لِيُوَافِقُوْهُ عَلَى ذَلِكَ وَلاَ فَرْقَ بَيْنَ الحاَضِرِ وَالمُساَفِرِ (كفاية الأخيار جزء 1 ص150- 151)
Hartina :
Disunnahkeun takbir ku sabab surup panon poe dina malem Idul-Fitri sareng malem Idul Adha, teu aya bedana dina hal sunnah takbir, hartina tetep disunnahkeun boh di masjid-masjid, di bumi atawa di pasar-pasar, oge teu beda antara malem atawa siang sareng nalika jalmi karumpul atawaa henteu, supaya sadayana nyamikeun sareng ngahirupkeun gema takbir, sareng oge teu beda antara aya di rumah atawa dina perjalanan. (Tina Syamilah -Kifayatul-Akhyar - Juz 1 hal. 150-151)

Di handap ieu oge lanjutan katerangannana :

دَلِيْلُهُ فيِ عِيْدِ الفِطْرِ قَوْلُهُ تَعاَلىَ وَلِتُكَبِّرُوْا اللهَ عَلَى ماَ هَدَاكُمْ وَفيِ عِيْدِ الأَضْحَى بِالقِياَسِ عَلَيْهِ وَيُغْنِي عَنْهُ (كفاية الأخيار جزء 1 ص 151)
Hartina :
Dalil ngeunaan disunnahkeun takbir Idul-Fitri eta dawuhan Allah Swt dina QS. Al-Baqoroh 185, sedengkeun dalil takbir Idul-Adha eta Qiyas (diukurkeun/disamikeun) sareng Idul-Fitri sareng nu saperti kitu tos cukup jadi alesannana. (Tina Syamilah – Kitab Kifayatul-Akhyar - Juz 1 hal. 151)

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Monday, October 21, 2013

Keutamaan Qurban

1. Dina Kitab Sunan Tirmidzi juz III halaman 26, citakan ka II taun 1403 H – 1983 M Daar al Fikr, nomer hadits 1526 / juz IV halaman 83, nomer hadits 1493, tina maktabah syamilah

حَدَّثَنَا أَبُوْ عَمْرٍو مُسْلِمُ بْنُ عَمْرٍو الْحَذَّاءُ الْمَدَنِيُّ حَدَّثَنَا عَبْدُ اللهِ بْنُ نَافِعٍ الصَّابِغُ أَبُوْ مُحَمَّدٍ عَنْ أَبِي الْمُثَنَّى عَنْ هِشَامِ بْنِ عُرْوَةَ عَنْ اَبِيْه عَنْ عَائِشَةَ : أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ اَحَبَّ اِلَى اللهِ مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمٍ اِنَّهَا لَتَأْتِيْ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ بِقُرُوْنِهَا وأَشْعَارِهَا وَاَظْلاَفِهَا وَأَنَّ الدَّمَ لَيَقَعُ مِنَ اللهِ قَبْلَ اَنْ يَقَعَ مِنَ اْلاَرْضِ فَطِيْبُوْا بِهَا نَفْسًا

Tos nyaritakeun ka kami Abu Amr Muslim bin Amr Al Hadzdza` Al Madani, tos nyaritakeun ka kami Abdullah bin Nafi’ Ashshabigh Abu Muhammad, ti Abul Mutsanna, ti Hisyam bin Urwah, ti bapana, ti Aisyah, saenyana Rosulullah shollallaahu ‘alaihi wasallam ngadawuh: “Teu pati-pati beramal anak Adam dina poe Nahar ('Iedul Adha) nu pang dipikaresep ku Allah salian ti ngocorkeun getih (meuncit qurban). Eta qurban bakal datang ka jalmi-jalmi nu ngalakukeunnana dina poe qiyamat kalawan tanduk, bulu sareng kukuna. Getih eta qurban ragrag ka Allah heula samemeh ragrag kana taneuh. Ku sabab kitu, pek qurban anjeun kalawan suka ati!”

2. Dina Kitab Hasyiyah Asy Syarqowi ‘alattahrir juz II halaman 463, citakan Daarul Fikr:

وَذَكَرَ الرَّافِعِيُّ وَابْنُ الرِّفْعَةِ حَدِيْثَ عَظِّمُوْا ضَحَايَاكُم فَإِنَّهَا عَلَى الصِّرَاطِ مَطَايَاكُمْ وَهُوَ فِيْ مُسْنَدِ الْفِرْدَوْسِ لِأَبِيْ مَنْصُوْرٍ الدَّيْلَمِيِّ لَكِنْ بِلَفْظِ اِسْتَفْرِهُوْا بَدَلَ عَظِّمُوْا

Imam Rofi’i sareng Imam Ibnurrif’ah nyaurkeun hadits:‘ADDZIMUU DHOHAAYAKUM FA INNAHAA ‘ALASHSHIRAATHI MATHOYAAKUKUM(Sing gede sato-sato qurban aranjeun, karena saenyana eta sato bakal jadi tutumpakan aranjeun dina shiroth)

Hadits ieu dina Musnad Firdaus li Abi Manshur ad Dailami, tapi kalawan lafazh:ISTAFRIHUU (pilih nu alus)salaku gaganti lafadzh:‘ADDZIMUU (gedekeun ku anjeun)

3. Dina Kitab Sunan Al Baihaqi Al Kubro 9/261/19489-19490, tina maktabah syamilah:

أَخْبَرَنَا أَبُو الْحَسَنِ : عَلِيُّ بْنُ أَحْمَدَ بْنِ عَبْدَانَ أَخْبَرَنَا أَحْمَدُ بْنُ عُبَيْدٍ حَدَّثَنَا هِشَامُ بْنُ عَلِيٍّ اَلسِّيرَافِيُّ حَدَّثَنَا هُدْبَةُ بْنُ خَالِدٍ حَدَّثَنَا سَلَّامُ بْنُ مِسْكِيْنٍ عَنْ عَائِذِ اللهِ عَنْ أَبِيْ دَاوُدَ عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ أَنَّهُمْ قَالُوْا لِرَسُولِ اللهِ -صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ- : مَا هَذِهِ الأَضَاحِيُّ؟ قَالَ :« سُنَّةُ أَبِيْكُمْ إِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ». قَالُوْا : مَا لَنَا فِيْهَا مِنَ الأَجْرِ؟ قَالَ :« بِكُلِّ قَطْرَةٍ حَسَنَةٌ ».

Tos ngabejakeun ka kami Abul Hasan Ali bin Ahmad bin Abdan, tos ngabejakeun ka kami Ahmad bin Ubaid, tos nyaritakeun ka kami Hisyam bin Ali Assirofi, tos nyaritakeun ka kami Hudbah bin Kholid, tos nyaritakeun ka kami Sallam bin Miskin, ti ‘A’idzillah, ti Abu Dawud, ti Zaid bin Arqom rodhiyallaahu ‘anhu, yen para sohabat nanya ka Rosulullah shollallaahu ‘alaihi wasallam: “naon sabenerna qurban-qurban ieu teh? Anjeuna ngajawab: “Sunnah bapa aranjeun kabeh, Ibrohim ‘alaihissalaam”. . Sohabat naros: “Pahala naon nu ku kami tarima tina eta? Rosulullah ngajawab: “Satiap keclak getih hiji kahadean”.

وَأَخْبَرَنَا أَبُوْ عَبْدِ اللهِ الْحَافِظُ أَخْبَرَنَا أَبُوْ بَكْرٍ مُحَمَّدُ بْنُ عَبْدِ اللهِ الْبَزَّازُ بِبَغْدَادَ حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ مَسْلَمَةَ الْوَاسِطِيُّ حَدَّثَنَا يَزِيْدُ بْنُ هَارُوْنَ أَخْبَرَنَا سَلَّامُ بْنُ مِسْكِيْنٍ عَنْ عَائِذِ اللهِ بْنِ عَبْدِ اللهِ الْمُجَاشِعِيُّ عَنْ أَبِيْ دَاوُدَ السَّبِيْعِيِّ عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ قُلْنَا : يَا رَسُوْلَ اللهِ مَا هَذِهِ الأَضَاحِيُّ؟ قَالَ :« سُنَّةُ أَبِيْكُمْ إِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ». قَالَ قُلْنَا : فَمَا لَنَا فِيْهَا؟ قَالَ :« بِكُلِّ شَعَرَةٍ حَسَنَةٌ ». قَالَ قُلْنَا : يَا رَسُوْلَ اللهِ فَالصُّوْفُ قَالَ :« بِكُلِّ شَعَرَةٍ مِنَ الصُّوْفِ حَسَنَةٌ ».

Tos ngabejakeun ka kami Abu Abdillah Al Hafizh, tos ngabejakeun ka kami Muhammad bin Abdullah al Bazzaz di Baghdad, tos nyaritakeun ka kami Muhammad bin Maslamah al Wasithi tos nyaritakeun ka kami Yazid bin Harun, tos ngabejakeun ka kami Sallam bin Miskin, ti ‘A’idzillah bin Abdullah Al Mujasyi’i, ti Abu Dawud Assabi’i, ti Zaid bin Arqom rodhiyallaahu ‘anhu, anjeuna nyaurkeun: : kami naroskeun : He Rosulullah Naon maksud ieu qurban? Anjeuna ngawaler : “Sunnah (tuntunan) bapa aranjeun, Ibrohim”. Zaid bin Arqom nyaurkeun: Kami naros : “Pahala naon nu ku kami bakal katarima tina eta? Rosulullah ngajawab : “Satiap buluna eta hiji kahadean.” Zaid bin Arqom nyaurkeun: Kami naros : “He Rosulullah, kumaha sareng buluna?” Anjeuna ngajawab: “Satiap bulu tina buluna eta kahadean”. Wallohu A'lam

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I