Saturday, August 31, 2013

19 Adab Orang yang Berilmu

na Kitab Bidayatul Hidayah,karangan Imam Al Ghozali,Halaman 121-122:
ﺍﻟﻜﺘﺎﺏ ﺑﺪﺍﻳﺔ ﺍﻟﻬﺪﺍﻳﺔ ﻟﻠﺸﻴﺦ ﺍﻹﻣﺎﻡ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺍﻟﻌﻼﻣﺔ ﺍﻟﻌﺎﺭﻑ ﺑﺎﻟﻠﻪ ﺃﺑﻮ ﺣﺎﻣﺪ ﻣﺤﻤﺪ ﺑﻦ ﻣﺤﻤﺪ ﺑﻦ ﻣﺤﻤﺪ ﺍﻟﻐﺰﺍﻟﻲ ﺹ ١٢٢-١٢١

ﺗﻮﻛﻮ ﻛﺘﺎﺏ (ﺍﻟﻬﺪﺍﻳﺔ) ﺳﻮﺭﺍﺑﺎﻳﺎ.

ﻭﺍﻥ ﻛﻨﺖ ﻋﺎﻟﻤﺎ ﻓﺂﺩﺍﺏ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﺗﺴﻌﺔ ﻋﺸﺮ، ﺍﻻﺣﺘﻤﺎﻝ ﻭﻟﺰﻭﻡ ﺍﻟﺤﻠﻢ ﻭﺟﻠﻮﺱ ﺑﺎﻟﻬﻴﺒﺔ ﻋﻠﻰ ﺳﻤﺖ ﺍﻟﻮﻗﺎﺭ ﻣﻊ ﺍﻃﺮﺍﻕ ﺍﻟﺮﺃﺱ ﻭﺗﺮﻙ ﺍﻟﺘﻜﺒﺮ ﻋﻠﻰ ﺟﻤﻴﻊ ﺍﻟﻌﺒﺎﺩ ﺍﻻ ﻋﻠﻰ ﺍﻟﻈﻠﻤﺔ ﺯﺟﺮﺍ ﻟﻬﻢ ﻋﻦ ﺍﻟﻈﻠﻢ ﻭﺍﻳﺜﺎﺭ ﺍﻟﺘﻮﺍﺿﻮﻉ ﻓﻲ ﺍﻟﻤﺤﺎﻓﻞ ﻭﺍﻟﻤﺠﺎﻟﺲ ﻭﺗﺮﻙ ﺍﻟﻬﺰﻝ ﻭﺍﻟﺪﻋﺎﺑﺔ ﻭﺍﻟﺮﻓﻖ ﺑﺎﻟﻤﺘﻌﻠﻢ ﻭﺍﻟﺘﺄﻧﻲ ﺑﺎﻟﻤﺘﻌﺠﺎﺭﻑ ﻭﺍﺻﻼﺡ ﺍﻟﺒﻠﻴﺪ ﺑﺤﺴﻦ ﺍﻻﺭﺷﺎﺩ ﻭﺗﺮﻙ ﺍﻟﺤﺮﺩ ﻋﻠﻴﻪ ﻭﺗﺮﻙ ﺍﻻﻧﻔﺔ ﻣﻦ ﻗﻮﻝ ﻻﺍﺩﺭﻱ ﻭﺻﺮﻑ ﺍﻟﻬﻤﺔ ﺍﻟﻰ ﺍﻟﺴﺎﺋﻞ ﻭﺗﻔﻬﻢ ﺳﺆﺍﻟﻪ ﻭﻗﺒﻮﻝ ﺍﻟﺤﺠﺔ ﻭﺍﻻﻧﻘﻴﺎﺩ ﻟﻠﺤﻖ ﺑﺎﻟﺮﺟﻮﻉ ﺍﻟﻴﻪ ﻋﻨﺪ ﺍﻟﻬﻔﻮﺓ ﻭﻣﻨﻊ ﺍﻟﻤﺘﻌﻠﻢ ﻋﻦ ﻛﻞ ﻋﻠﻢ ﻳﻀﺮﻩ ﻭﺯﺟﺮﻩ ﻋﻦ ﺍﻥ ﻳﺮﺑﺪ ﺑﺎﻟﻌﻠﻢ ﺍﻟﻨﺎﻓﻊ ﻏﻴﺮ ﻭﺟﻪ ﺍﻟﻠﻪ ﺗﻌﺎﻟﻰ ﻭﺻﺪ ﺍﻟﻤﺘﻌﻠﻢ ﻋﻦ ﺍﻥ ﻳﺸﺘﻐﻞ ﺑﻔﺮﺽ ﺍﻟﻜﻔﺎﻳﺔ ﻗﺒﻞ ﺍﻟﻔﺮﺍﻍ ﻣﻦ ﻓﺮﺽ ﺍﻟﻌﻴﻦ ﻭﻓﺮﺽ ﻋﻴﻨﻪ ﺍﺻﻼﺡ ﻇﺎﻫﺮﻩ ﻭﺑﺎﻃﻨﻪ ﺑﺎﻟﺘﻘﻮﻯ ﻭﻣﺆﺍﺧﺬﺓ ﻧﻔﺴﻪ ﺍﻭﻻ ﺑﺎﻟﺘﻘﻮﻯ ﻟﻴﻘﺘﺪﻱ ﺍﻟﻤﺘﻌﻠﻢ ﺍﻭﻻ ﺑﺎﻋﻤﺎﻟﻪ ﻭﻳﺴﺘﻔﻴﺪ ﺛﺎﻧﻴﺎ ﻣﻦ ﺍﻗﻮﺍﻟﻪ .

“Lamun anjeun saurang ‘Alim atawa guru,maka adab-adaban nu kudu diperhatikeun ku anjeun eta aya 19:

1- Narima pertanyaan murid kalawan sabar sareng santun. 2- Diuk kalawan wibawa bari sirah tungkul. 3- Teu takabbur ka sadya hamba Alloh iwalti ka maranehna nu dzolim kalawan tujuan pikeun ngaleungitkeun kadzolimannana. 4- Bersikep tawaddlu' dina satiap majelis sareng riungan. 5- Tara loba heureuy jeung senda gurau. 6- Mikanyaah ka murid. 7- Ati-ati ka jalma nu sombong/takabbur. 8- Ngomean jalma nu bodo ku cara nu hade bari henteu ambek/amarah. 9- Tara uring-uringan ka jalma bodo. 10- Tara era pikeun ngaku teu apal. 11- Merhatikeun pertanyaan jalma nu nanya. 12- Berusaha memahami pertanyaannana. 13- Siap narima hujjah/dalil ti batur. 14- Nuturkeun nu bener,kalawan balik deui kana eta bener nalika salah. 15- Ngalarang murid diajar ilmu nu berbahaya. 16- Ngingetan murid supaya dina nungtut elmu ngan ukur pikeun neangan ridlo na Alloh SWT. 17- Ngalarang murid sibuk ku perkara nu sifatna fardhu kifayah samemeh ngarengsekeun nu fardlu ‘ain.(Nu kaasup fardlu ‘ain eta ngomean nu dzohir sareng batinna ku taqwa) 18- Sarta dirina leuwih tiheula ngalakukeun eta taqwa supaya murid bisa nyonto amal ti manehna. 19- Terus murid bisa nyandak manfaat tina ucapan manehna. Wallohu A'lamu Bis-showab

Harumnya Tubuh dan Keringat Nabi Muhammad SAW

PERTANYAAN:
Assalamu'alaikum wr wb.
Kantos nguping saurna salira sareng kesang kanjeng Nabi SAW eta leuwih seungit tinimbang minyak seungit.Kumaha saleresna katerangannana?

JAWABAN:

1.
Wa'alaikum salaam

حَدَّثَنَا عَمْرُو بْنُ حَمَّادِ بْنِ طَلْحَةَ الْقَنَّادُ حَدَّثَنَا أَسْبَاطٌ وَهُوَ ابْنُ. نَصْرٍ الْهَمْدَانِيُّ عَنْ سِمَاكٍ عَنْ جَابِرِ بْنِ سَمُرَةَ قَالَ صَلَّيْتُ مَعَ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ صَلَاةَ الْأُولَى ثُمَّ خَرَجَ إِلَى أَهْلِهِ وَخَرَجْتُ مَعَهُ فَاسْتَقْبَلَهُ وِلْدَانٌ فَجَعَلَ يَمْسَحُ خَدَّيْ أَحَدِهِمْ وَاحِدًا وَاحِدًا قَالَ وَأَمَّا أَنَا فَمَسَحَ خَدِّي قَالَ فَوَجَدْتُ لِيَدِهِ بَرْدًا أَوْ رِيحًا كَأَنَّمَا أَخْرَجَهَا مِنْ جُؤْنَةِ عَطَّارٍ

“Kami (Jabir) kantos ngiring sholat sareng kanjeng Rosululloh SAW dina sholat dzuhur.Saatos kitu anjeuna kaluar pikeun nepangan istrina,sareng kami oge nuturkeunnana.Teras anjeuna dipapagkeun ku sababaraha budak leutik.Anjeuna oge ngusap pipi eta barudak saurang-saurang.(Saur Jabir); Rosululloh oge ngusap pipi kami sareng kami ngarasakeun panangan anjeuna nu tiis sareng seungit saperti nembe kaluar tina wadah minyak seungit.”
Hadits Riwayat Muslim

و حَدَّثَنَا قُتَيْبَةُ بْنُ سَعِيدٍ حَدَّثَنَا جَعْفَرُ بْنُ سُلَيْمَانَ عَنْ ثَابِتٍ عَنْ أَنَسٍ ح و حَدَّثَنِي زُهَيْرُ بْنُ حَرْبٍ وَاللَّفْظُ لَهُ حَدَّثَنَا هَاشِمٌ يَعْنِي ابْنَ الْقَاسِمِ حَدَّثَنَا سُلَيْمَانُ وَهُوَ ابْنُ الْمُغِيرَةِ عَنْ ثَابِتٍ قَالَ أَنَسٌ مَا شَمَمْتُ عَنْبَرًا قَطُّ وَلَا مِسْكًا وَلَا شَيْئًا أَطْيَبَ مِنْ رِيحِ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَا مَسِسْتُ شَيْئًا قَطُّ دِيبَاجًا وَلَا حَرِيرًا أَلْيَنَ مَسًّا مِنْ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ

Minyak misik sareng minyak ambar atawa hiji perkara nu sejen nu pernah ku kami angseuh,teu aya nu ngaleuwihan seungitna salira anjeuna (Rosululloh).Sareng teu aya perkara nu kami pernah nyabak,boh sutra atawa nu sejenna,nu leuwih lemes tinimbang dampal panangan anjeuna.
Hadits Riwayat Muslim.

و حَدَّثَنِي أَحْمَدُ بْنُ سَعِيدِ بْنِ صَخْرٍ الدَّارِمِيُّ حَدَّثَنَا حَبَّانُ حَدَّثَنَا حَمَّادٌ حَدَّثَنَا ثَابِتٌ عَنْ أَنَسٍ قَالَ كَانَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَزْهَرَ اللَّوْنِ كَأَنَّ عَرَقَهُ اللُّؤْلُؤُ إِذَا مَشَى تَكَفَّأَ وَلَا مَسِسْتُ دِيبَاجَةً وَلَا حَرِيرَةً أَلْيَنَ مِنْ كَفِّ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَا شَمِمْتُ مِسْكَةً وَلَا عَنْبَرَةً أَطْيَبَ مِنْ رَائِحَةِ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ

Rosululloh senantiasa ceria sareng kesangna saperti kilau mutiara. Upami anjeuna mapah, maka lengkahna tegep. Sutera nu pernah kami nyabak teu aya nu leuwih lemes tina dampal panangan anjeuna. Minyak misik sareng minyak ambar nu pernah kami angseuh, teu aya nu ngaleuwihan seungitna salira anjeuna. -HR. Muslim-


2. 
Tina Maktabah Syamilah 7/81باب طِيبِ عَرَقِ النَّبِىِّ -صلى الله عليه وسلم- وَالتَّبَرُّكِ بِهِ.6201 - حَدَّثَنِى زُهَيْرُ بْنُ حَرْبٍ حَدَّثَنَا هَاشِمٌ - يَعْنِى ابْنَ الْقَاسِمِ - عَنْ سُلَيْمَانَ عَنْ ثَابِتٍ عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ قَالَ دَخَلَ عَلَيْنَا النَّبِىُّ -صلى الله عليه وسلم- فَقَالَ عِنْدَنَا فَعَرِقَ وَجَاءَتْ أُمِّى بِقَارُورَةٍ فَجَعَلَتْ تَسْلُتُ الْعَرَقَ فِيهَا فَاسْتَيْقَظَ النَّبِىُّ -صلى الله عليه وسلم- فَقَالَ « يَا أُمَّ سُلَيْمٍ مَا هَذَا الَّذِى تَصْنَعِينَ ».قَالَتْ هَذَا عَرَقُكَ نَجْعَلُهُ فِى طِيبِنَا وَهُوَ مِنْ أَطْيَبِ الطِّيبِ

Tos nyarioskeun ka kami Zuhair bin Harb; Tos nyarioskeun ka kami Hasyim nyaeta Ibnu Al Qosim ti Sulaiman ti Tsabit ti Anas bin Malik anjeuna nyaurkeun; Nabi shollallahu 'alaihi wasallam pernah sumping ka rorompok kami. teras anjeuna kulem sakedap (Qailulah) di rorompok kami dugi ka ngesang. Teras pun biang nyandak hiji botol sareng nandean kesang anjeuna bade diwadahan ku eta botol.Ujug-ujuk anjeuna nyaring bari nyaur ka pun biang: ‘He Ummu Sulaim,rek naon anjeun ka kami?’ Pun biang ngajawab: ‘Kami mung bade ngajadikeun kesang gusti kanggo seuseungitan kami.’ Kesang anjeuna ngarupakeun seuseungitan nu pang seungitna.

Allohumma Sholli wa Sallim ‘Ala Sayyidina Muhammad.
Wallohu A’lam. 

Thursday, August 22, 2013

Bahtsul Masail: Hukum Berdo'a Meminta Kematian Kepada Allah

PERTANYAAN:
Assalamu’alaikum wr wb.Bade tumaros,kumaha hukumna menta maot ka Alloh?Haturnuhun.Wassalamu’alaikum wr wb.
JAWABAN:

1/. >>

Hukum ngaharepkeun tereh maot eta Makruh, lamun lain karena sieun fitnah nurutkeun agama, kecuali lamun manehna miharep maot syahid, hoyong enggal tepang sareng Allah, hoyong maot di tanah suci mekah maka ieu disunahkeun.
  و) يكره (تمنى الموت) لضرر فى بدنه او ماله للنهى الصحيح عنه (بلا خوف فتنة فى الدين) و الا فيسن و كذا تمنيه لنحو شهادة او محبة لقاء الله او ببلد شريف كمكة او جار صالح و هذا خرج بقولنا لضر فى بدنه او ماليه

بشرى الكريم ٢/٢٨
Kitab Busyrol Karim, 2/28 
2/. >>
باب كراهية تمنى الموت لضر نزل بالانسان وجوازه اذا خاف فتنة فى دينه

Bab nerangkeun ngeunaan makruhna miharep maot karena ayana karepot/musibah nu melanda manusa sareng meunangna miharep maot lamun sieun keuna fitnah dina agamana

وروينا فى صحيحى البخارى ومسلم عن انس رضى الله تعالى عنه قال
قال النبى صلى الله عليه وسلم لايتمنين احدكم الموت من ضر اصابه فان كان لا بد فاعلا فليقل اللهم احينى ان كان الحياة خيرا لى وتوفنى ان كان الوفاة خيرا لى
قال العلماء من اصحابنا وغيرهم هذا اذا تمنى لضر ونحوه فان تمنى الموت خوفا على دينه لفساد الزمان ونحو ذلك لم يكره

Jeung kami ngisahkeun nu dicandak tina katerangan kitab Shohih Bukhori-Muslim ti sohabat Anas Ra nyaurkeun,Nabi SAW ngadawuh,salah saurang aranjeun ulah miharep maot gara-gara aya karipuh nu nimpa
Maka lamun kondisi ngudukeun kitu,ucapkeun bae:
Ya Alloh pasihan abdi hirup upami hirup langkung sae pikeun abdi sareng pasihan abdi maot upami maot langkung sae kanggo abdi !
Para ulama' ti golongan Syafi’iyyah sareng nu lianna berpendapat,katerangan ieu lamun miharep maot gara-gara katimpa karipuh sareng salianna tapi lamun mikahoyong maot gara-gara sieun fitnah kana agamana karena ruksana zaman atawa sabangsana maka hukumna teu makruh

Kitab AL-ADZKAR HAL 127


أحاديث مختارة من الصحيحين - (ج 1 / ص 72)

وعنه قال : قال رسول الله ( : ( لا يتمنينّ أحدكم الموت لضرٍّ أصابه ، فإن كان لا بدّ فاعلاً فليقل : اللهم أحيني ما كانت الحياة خيراً لي ، وتوفني إذا كانت الوفاة خيراً لي ) .
---------------------------------------------------------
معاني الكلمات :
لا يتمنينّ أحدكم :الخطاب للصحابة والمراد هم ومن بعدهم من المسلمين . لضرٍّ أصابه : أي ضرر دنيوي كفقر أو مرض.
الفوائد :
1. النهي عن تمني الإنسان الموت بسبب ضرٍّ نزل به .
2. قوله ( لضرٍّ نزل به ) حمله جماعة من السلف على الضرر الدنيوي ، وذلك لأمرين :
أولاً : جاء عند ابن حبان : ( لا يتمنينّ أحدكم الموت لضرٍّ نزل به في الدنيا ) على أن ( في ) سببية ، أي بسبب أمر من أمر الدنيا .
ثانياً : أن جماعة من السلف تمنّوا الموت خوف الفتنة ، فدلّ على جوازه خشية الفتنة .
قال عمر : ( اللهم كبرت سني ، وضعفت قوتي ، وانتشرت رعيتي ، فاقبضني إليك غير مضيع ولا مفرط ) . رواه مالك
وجاء عن عابس الغفاري أنه قال : ( يا طاعون خذني ، فقال له علم الكندي : لم تقول هذا ؟ ألم يقل رسول الله : لا يتمنين أحدكم الموت ؟ فقال : إني سمعته يقول : بادروا بالموت ستاً : إمرة السفهاء ، وكثرة الشرط ... ) .
3. السبب في النهي عن تمني الموت : لأن زيادة العمر في تقوى الله فيه زيادة في الحسنات ، وقد جاء عند الترمذي عن رسول الله ( أنه قال : ( خير الناس من طال عمره وحسن عمله ) .
وقد جاءت هذه الحكمة في حديث أبي هريرة قال : قال رسول الله ( : ( لا يتمنينّ أحدكم الموت ، إما محسناً فلعله يزداد ، وإما مسيئاً فلعله يستعتب ) . متفق عليه
4. يجوز تمني الموت في حالات :
الأولى : عند خوف الفتنة .
كما قال تعالى عن مريم : ( يا ليتني متُّ قبل هذا وكنت نسياً منسياً ( .
قال القرطبي : " إنها تمنت الموت لوجهين :
أحدهما : أنها خافت أن يُظنّ بها السوء في دينها وتُعيّر فيفتنها ذلك
الثاني : لئلا يقع قوم بسببها في البهتان والزور والتهمة إلى الزنا ، وذلك مهلك لهم .
وقال ( : ( وإذا أردت بقوم فتنة فاقبضني إليك غير مفتون ) . رواه أحمد
الثانية : تمني الشهادة .
كما قال ( : ( من سأل الشهادة بصدق بلغه الله منازل الشهداء وإن مات على فراشه ) . رواه مسلم
فإن قال قائل : ما الجواب عن قول يوسف : ( ربّ توفني مسلماً وألحقني بالصالحين ( ؟
قيل : لم يتمنّ الموت ، وإنما تكاملت عليه النعم ، وجُمع له الشمل ، واشتاق إلى لقاء ربه .
وقيل : أن يوسف لم يتمنى الموت ، وإنما تنمى الموافاة على الإسلام ، وهذا القول رجحه القرطبي ، وهو الصحيح .
5. على المسلم أن يغتنم حياته الدنيا ليتزود منها بالأعمال الصالحة .
6. السنة لمن أراد الموت أن يقول الدعاء الذي أرشد إليه النبي ( : ( اللهم أحيني ما كانت ... ) ففيها التسليم التام لله تعالى ، الذي يعلم حقائق الأمور وعواقبها .
7. حسن هذه الشريعة العظيمة ، حيث أنها لم تنهى عن شيء إلا وقد جاءت ببدله .
8. ينبغي الالتجاء إلى الله ودعاؤه في كل الأمور ، فهو الذي يعلم عاقبتها

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Baca Juga: 

Hukum Shalat Di Awang-awang (Tidak Menginjak Alas Apapun)

Bahtsul Masail: Hukum Shalat Di Awang-awang (Tidak Menginjak Alas Apapun)

PERTANYAAN :
Assalamu’alaikum, abdi bade narosan,kumaha pami aya jalmi sholat di awang-awang teu napak kana alas nanaon?Haturnuhun.Wassalamu’alaikum wr wb.

JAWABAN :

Wa'alaikumsalam warohmatullohi wa barokatuh.Sholat bari teu napak kana alas nanaon.Dampal suku (qodam) teu ngadampal kana nanaon iwal kana hawa maka eta sholat teu sah.
Kitab Nihayatul Muhtaj hal 466 juz 1 :

( وشرطه نصب فتاره ) بفتح الفاء : أي عظامه التي هي مفاصله ، لأن اسم القيام دائر معه فلا يضر إطراق الرأس بل يسن ، ولا الاستناد إلى نحو جدار وإن كان بحيث لو رفع لسقط لوجود اسم القيام لكن يكره الاستناد .

نعم لو استند بحيث يمكنه رفع قدميه بطلت صلاته لأنه معلق نفسه وليس بقائم ، ومنه يؤخذ صحة قول العبادي : يجب وضع القدمين على الأرض ، فلو أخذ اثنان بعضده ورفعاه في الهواء حتى صلى لم تصح ، ولا يضر قيامه على ظهر قدميه من غير عذر خلافا لبعضهم لأنه لا ينافي اسم القيام

Tambihan Ibarot tina Kitab Asnal Matholib,Syaikh Zakariya Al Anshori :

قال شيخ الإسلام زكريا الأنصاري في أسنى المطالب( فَرْعٌ : يُشْتَرَطُ فِيْ ) صِحَّةِ صَلَاةِ ( الْفَرْضِ الْاِسْتِقْرَارُ وَالْاِسْتِقْبَالُ وَتَمَامُ الْأَرْكَانِ ) "
. قَالَ الشِّهَابُ الرَّمْلِيُّ فِيْ "حَاشِيَتِهِ" 
( قَوْلُهُ يُشْتَرَطُ فِي الْفَرِيْضَةِ الْاِسْتِقْرَارُ ) فَلَوْ حَمَلَهُ رَجُلَانِ وَوَقَفَا فِي الْهَوَاءِ أَوْ صَلَّى عَلَى دَابَّةٍ سَائِرَةِ فِيْ هَوْدَجٍ لَمْ تَصِحَّ". اهـ

Syaikhul Islam Zakariya Al Anshori nyaurkeun dina kitab Asnal Matholib 1/136 :
Sahna sholat fardhu disyaratkeun kudu netep........... Asysyihab Ar Romli nyaurkeun : ( ucapan Syaikhul Islam Zakariya "YUSYTAROTHU FIL FARIIDHOH AL ISTIQROR" ) maka lamun dua jalma ngajungjungkeunnana sareng eta dua jalma aya di awang-awang, atawa manehna sholat dina jero 'sekedup' di luhureun sato hewan (misal nincak na sela tonggong kuda) nu keur berjalan maka sholatna teu sah.  
Wallohu A'lam.

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin

Baca Juga: 

Hukum Menyewakan Kendaraan yang Dikhawatirkan Digunakan untuk Maksiat

Bahtsul Masail: Hukum Menyewakan Kendaraan yang Dikhawatirkan Digunakan untuk Maksiat

PERTANYAAN:
Assalamualaikum……
Aya nu sok ngarentalkeun mobil bahkan sareng motor.Hiji waktu aya jalmi nu mere info yen jalmi nu sok nyewa mobilna sok dipake pikeun ma’siyat.Maka eta jalmi (nu ngarentalkeun) jadi khawatir,boa-boa nyewa mobil ti manehna dipake pikeun ma’siyat? 
PERTANYAAN
1- Kumaha Hukum sewa menyewa eta..?
2- Kumaha hasil (duit sewa menyewana ) eta…?
3- Kumaha hukum akad sewa menyewa eta..?

Hatunuhun jawabannana. Wassalamu Alaikum. 

JAWABAN:

Wa'alaikum salaam
مسألة : ي) : كل معاملة كبيع وهبة ونذر وصدقة لشيء يستعمل في مباح وغيره ، فإن علم أو ظنّ أن آخذه يستعمله في مباح كأخذ الحرير لمن يحل له ، والعنب للأكل ، والعبد للخدمة ، والسلاح للجهاد والذب عن النفس ، والأفيون والحشيشة للدواء والرفق حلت هذه المعاملة بلا كراهة ، وإن ظن أنه يستعمله في حرام كالحرير للبالغ ، ونحو العنب للسكر ، والرقيق للفاحشة ، والسلاح لقطع الطريق والظلم ، والأفيون والحشيشة وجوزة الطيب لاستعمال المخذِّر حرمت هذه المعاملة ، وإن شكّ ولا قرينة كرهت ، وتصحّ المعاملة في الثلاث ، لكن المأخوذ في مسألة الحرمة شبهته قوية ، وفي مسألة الكراهة أخف (مسألة : ب) : يحرم بيع التنباك ممن يشربه أو يسقيه غيره ، ويصح لأنه مال كبيع السيف ، ونحو الرصاص والبارود من قاطع الطريق ، والأمرد لمن عرف بالفجور ، والعنب ممن يتخذه خمراً ولو ظناً ، فينبغي لكل متدين أن يجتنب الاتجار في ذلك ، ويكره ثمنه كراهة شديدة. اه بغية المسترشدين. ص: 126  
Kitab Bughiyatul Musytarsyidin,126. 
Upami langsung dipaham disimpuleun ibarot kitab di luhur,jawabnnana ditafsil :

1- Misalkeun nyewakeun mobil atawa motor ka hiji jalma nu dikhawatirkeun bakal digunakeun pikeun kaperluan nu dilarang ku syari`at, maka akad sewa menyewana SAH. Anapon hukumna MAKRUH. Sareng hasilna SYUBHAT tapi rada ringan.  

2- Misalkeun nyewakeun mobil/ motor ka hiji jalma nu diyakini (tos yakin\ aya persangkaan nu kuat nu bersandarkeun kana qorinah) yen eta mobil\ motor bakal dipake pikeun kapentingan nu dilarang ku Agama, maka akad sewa menyewana SAH. Hukum sewa menyewana HARAM. Sareng Hasilna SYUBHAT nu leuwih beurat kashubhatannana ti nu ka hiji tadi.

3- Misalkeun nyewakeun mobil/ motor ka hiji jalma nu diyakini atawa aya prasangka kuat nu dumasar kana qorinah, yen eta mobil atawa motor bakal digunakeun pikeun kaperluan nu HALAL, maka akad sewa menyewana SAH. Hukumna MEUNANG. Sareng hasilna HALAL MURNI………….  

Wallohu A’lam Bis Showaab.

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Baca Juga:

Bahtsul Masail: Dahan Pohon yang Melewati Batas Halaman Tetangga

Bahtsul Masail: Dahan Pohon yang Melewati Batas Halaman Tetangga

PERTANYAAN :
Assalamuallaikum,punten bade tumaros : Abdi gaduh tangkal buah/mangga nu dipelak dina buruan payuneun rompok.Dahanna ngarampidak ngajulur ka buruan tatangga sareng ka jalan umum.Naha kenging tatangga sareng jalmi umum ngala/ngarah buah tinu abdi eta anu dahanna ka tatangga sareng ka jalan umum?

JAWABAN :
Wa'alaikumussalam. Tatangga sareng jalmi umum tetep teu meunang metik buah eta tangkal iwalti saatos meunang izin ti nu boga tangkal, karena bungbuahan nu ngajulur kaluar masih keneh jadi milik nu boga eta tangkal.

HUKUM TANGKAL NU AKAR ATAWA DAHANNA NGARAMBAT KA PAKARANGAN BATUR.

Lamun aya tangkal nu akar atawa dahanna ngarambat ka pakarangan tatangga maka akar sareng tangkalna tetep gaduh nu boga tangkal.Sareng lamun kira-kira ngaganggu maka tatangga kudu lapor, dan ku tina laporan eta nu boga tangkal wajib motongna, lamun nu boga tangkal embungeun maka nu boga pakarangan dimeunangkeun motongna.

و لو انتشرت اغصان شجرة او عروقها الى هواء ملك الجار اجبر صاحبها على تحويلها فان لم يفعل فللجار تحويلها ثم قطعها ولو بلا اذنح حاكم كما فى التحفة و ان كانت قديمة بل لو كانت لهما مع الارض ................الى ان قال : و ان منعت الضوء عن الجار
بغية المسترشدين ١٤٢
(Kitab Bughiyah, 142) 
Lamun dina hukum nagara disebut kieu : Orang-orang yang hidup bertetangga tentulah mempunyai hak dan kewajiban masing-masing satu sama lain. Termasuk menyangkut dahan atau pohon yang mentiung / menjorok di pekarangan orang lain. Hal ini diatur dalam Kitab Undang-undang Hukum Perdata (KUH Perdata) yaitu tentang hak dan kewajiban antara pemilik-pemilik pekarangan yang satu sama lain bertetanggaan.
Pasal 666 (2) KUHPerdata : Barangsiapa mengalami bahwa dahan-dahan pohon tetangganya mentiung di atas pekarangannya, berhak menuntut supaya dahan- dahan itu dipotongnya.
Pasal 666 (3) KUHPerdata : Apabila akar-akar pohon tetangganya tumbuh dalam tanah pekarangannya, maka berhaklah ia memotongnya sendiri; dahan-dahan pun bolehlah ia memotongnya sendiri, jika tetangga setelah satu kali ditegur, menolak memotongnya, dan asal ia sendiri tidak menginjak pekarangan si tetangga.
Ibarot di handap ieu  jelas yen eta dahan milik jalma nu boga tangkal. Jadi buah nu masih aya dina dahan oge masih milik nu boga tangkal.

و لو انتشرت اغصان شجرة او عروقها الى هواء ملك الجار اجبر صاحبها على تحويلها فان لم يفعل فللجار تحويلها ثم قطعها ولو بلاذن حاكما

Di handap ieu oge ibarot anu langkung pas :

ني ، ولو وصل غصنه بشجرة غيره كانت ثمرة الغصن لمالكه وإن كان متعديا

 حاشية البجيرمى على المنهج ج : 3 ص : 8وحاصل المعتمد فى الدكة والشجرة وحفر البئر أن الدكة يمنع منها ولو بفناء داره او دعامة لجداره سواء فى المسجد اوالطريق وان اتسع وانتفى الضرر وأذن الإمام وكانت لعموم المسلمين وان الشجرة فى الطريق كذلك. اهـ
(Kitab Hasyiyah Al Bujairomi ‘Alal Minhaj,jilid 3 hal 8)
Kanggo langkung ngajaga kadamaian dina bertatangga,nu boga tangkal kudu merhatikeun,ulah nepi ka dahanna ngajulur ka tanah batur.Lamun terlanjur ngajulur ka tanah batur buru-buru potong bisi ngaganggu perasaan nu boga tanah.
Wallaahu A'lamu Bish Showaab.

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Friday, August 2, 2013

Bahtsul Masail: Kenapa Qunut Witir Sunnat di Akhir Ramadhan tidak di Awal Ramadhan?

PERTANYAAN :
Assalamualaikum. Tumaros ngeunaan do’a Qunut dina Sholat Witir bulan Romadlon.Kunaon dina rokaat terakhir witir nganggo do’a qunut dina malem ti mimiti tgl 15?Tapi henteu nganggo qunut dina malem 1 dugi ka 14? Nuhun.

JAWABAN :

Kitab Fathul Wahab bab sholat sunnah :

.وان الجماعة تنذب فى الوترتقب التراويح جماعة وتقدم فى صفةالصلاةانه يسن فيه القنوت في النصف الثاني من رمضان

Disunnahkeun berjama'ah dina sholat witir bulan romadlon sareng disunnahkeun ngado’a qunut dina saparo ka dua bulan romadlon dina sholat witir.

Oge jawaban tiasa diawalan tina Hadits sayidina 'Umar,dina Kitab At Talkhis Al Khobir jilid 2/122 :

ﺍﻟﻤﻮﺳﻮﻋﺔ ﺍﻟﺸﺎﻣﻠﺔ - ﺍﻟﺘﻠﺨﻴﺺ ﺍﻟﺤﺒﻴﺮ ﻓﻲ ﺗﺨﺮﻳﺞ ﺃﺣﺎﺩﻳﺚ ﺍﻟﺮﺍﻓﻌﻲ ﺍﻟﻜﺒﻴﺮ 2/122 : 

50- 551 ﺣﺪﻳﺚ ﻋﻤﺮ " : ﺍﻟﺴﻨﺔ ﺇﺫﺍ ﺍﻧﺘﺼﻒ ﺷﻬﺮ ﺭﻣﻀﺎﻥ ، ﺃﻥ ﻳﻠﻌﻦ ﺍﻟﻜﻔﺮﺓ ﻓﻲ ﺍﻟﻮﺗﺮ ، ﺑﻌﺪ ﻣﺎ ﻳﻘﻮﻝ : ﺳﻤﻊ ﺍﻟﻠﻪ ﻟﻤﻦ ﺣﻤﺪﻩ . " ﺭﻭﻳﻨﺎﻩ ﻓﻲ ﻓﻮﺍﺋﺪ ﺃﺑﻲ ﺍﻟﺤﺴﻦ ﺑﻦ ﺭﺯﻗﻮﻳﻪ ﻋﻦ ﻋﺜﻤﺎﻥ ﺑﻦ ﺍﻟﺴﻤﺎﻙ ، ﻋﻦ ﻣﺤﻤﺪ ﺑﻦ ﻋﺒﺪ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ ﺑﻦ ﻛﺎﻣﻞ ، ﻋﻦ ﺳﻌﻴﺪ ﺑﻦ ﺣﻔﺺ ﻗﺎﻝ : ﻗﺮﺃﻧﺎ ﻋﻠﻰ ﻣﻌﻘﻞ ، ﻋﻦ ﺍﻟﺰﻫﺮﻱ ، ﻋﻦ ﻋﺒﺪ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ ﺑﻦ ﻋﺒﺪ ﺍﻟﻘﺎﺭﻱ : ﺃﻥ ﻋﻤﺮ ﺧﺮﺝ ﻟﻴﻠﺔ ﻓﻲ ﺷﻬﺮ ﺭﻣﻀﺎﻥ ﻭﻫﻮ ﻣﻌﻪ ، ﻓﺮﺃﻯ ﺃﻫﻞ ﺍﻟﻤﺴﺠﺪ ﻳﺼﻠﻮﻥ ﺃﻭﺯﺍﻋﺎ ﻣﺘﻔﺮﻗﻴﻦ ، ﻭﺃﻣﺮ ﺃﺑﻲ ﺑﻦ ﻛﻌﺐ ﺃﻥ ﻳﻘﻮﻡ ﺑﻬﻢ ﻓﻲ ﺷﻬﺮ ﺭﻣﻀﺎﻥ ، ﻓﺨﺮﺝ ﻋﻤﺮ ﻭﺍﻟﻨﺎﺱ ﻳﺼﻠﻮﻥ ﺑﺼﻼﺓ ﻗﺎﺭﺋﻬﻢ ، ﻓﻘﺎﻝ : ﻧﻌﻤﺖ ﺍﻟﺒﺪﻋﺔ ﻫﺬﻩ ، ﻭﺍﻟﺘﻲ ﻳﻨﺎﻣﻮﻥ ﻋﻨﻬﺎ ﺃﻓﻀﻞ ﻣﻦ ﺍﻟﺘﻲ ﻳﻘﻮﻣﻮﻥ . ﻳﺮﻳﺪ ﺁﺧﺮ ﺍﻟﻠﻴﻞ ، ﻭﻛﺎﻧﻮﺍ ﻳﻘﻮﻣﻮﻥ ﻓﻲ ﺃﻭﻟﻪ . ﻭﻗﺎﻝ : ﺍﻟﺴﻨﺔ ﺇﺫﺍ ﺍﻧﺘﺼﻒ ﺷﻬﺮ ﺭﻣﻀﺎﻥ ﺃﻥ ﻳﻠﻌﻦ ﺍﻟﻜﻔﺮﺓ ﻓﻲ ﺁﺧﺮ ﺭﻛﻌﺔ ﻣﻦ ﺍﻟﻮﺗﺮ ، ﺑﻌﺪ ﻣﺎ ﻳﻘﻮﻝ ﺍﻟﻘﺎﺭﺉ ﺳﻤﻊ ﺍﻟﻠﻪ ﻟﻤﻦ ﺣﻤﺪﻩ ، ﺛﻢ ﻳﻘﻮﻝ : ﺍﻟﻠﻬﻢ ﺍﻟﻌﻦ ﺍﻟﻜﻔﺮﺓ . ﻭﺇﺳﻨﺎﺩﻩ ﺣﺴﻦ .

551-50 – Hadits sayidina 'Umar : Sunnah nalika bulan Romadlon lamun tos meunang saparo maka kudu ngalaknat jalma-jalma kafir dina sholat witir saatos maca : Sami'allahu Liman Hamidahu. Kami ngariwayatkeunnana dina Fawa`id Abi al-Hasan bin Razqowih ti 'Utsman bin al-Simak ti Muhammad bin 'Abdirrohman bin Kamil ti Sa'id bin Hafsh nyaurkeun: Kami maca pikeun Mi'qal ti al-Zuhry ti 'Abdirrohman bin 'Abdil Qory yen dina hiji peuting dina bulan Romadlon sayidina 'Umar kaluar sasarengan sareng Abdirrohman. Terus sayidina 'Umar ningali jama'ah masjid ngalaksanakeun sholat qiyam Romadlon kalawan papisah-pisah. Terus anjeuna miwarang Ubay bin Ka'ab pikeun ngomando maranehna dina bulan Romadlon. Terus sayidina 'Umar kaluar samentara jama'ah ngalaksanakeun sholat kalawan dipingpin ku imam maranehna, terus anjeuna nyarios: Kacida alusna ieu bid'ah, jeung hiji perkara nu maranehna sare ninggalkeunnana eta leuwih utama tina nu maranehna ngalakukeun dina akhir peuting, jeung maranehna ngalakukeun dina awala peuting. Sareng sayidina Umar nyarios: Sunnah lamun bulan Romadlon tos meunang saparo maka kudu ngadu’a ngalaknat jalma-jalma kafir dina rokaat nu akhir tina sholat witir saatos maca : Sami'allahu Liman Hamidahu. Terus ngado'a: Nun Gusti Allah,mugi ngalaknat ka jalma-jalma kafir. Sanad hadits sayidina 'Umar ieu Hasan.

Hubungan hadits di luhur sareng hadits di handap ieu pikeun nganyahokeun rahasia penempatan do'a qunut dina saparo nu akhir dina bulan Romadlon :

ﻣﺮﻗﺎﺓ ﺍﻟﻤﻔﺎﺗﻴﺢ ﺷﺮﺡ ﻣﺸﻜﺎﺓ ﺍﻟﻤﺼﺎﺑﻴﺢ - ﻛﺘﺎﺏ ﺍﻟﺼﻼﺓ - ﺑﺎﺏ ﺍﻟﻘﻨﻮﺕ- ﺍﻟﺠﺰﺀ ﺭﻗﻢ3 :

ﺍﻟﻔﺼﻞ ﺍﻟﺜﺎﻟﺚ 1293 - ﻋﻦ ﺍﻟﺤﺴﻦ ﺭﺿﻲ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻨﻪ ، ﺃﻥ ﻋﻤﺮ ﺑﻦ ﺍﻟﺨﻄﺎﺏ ﺭﺿﻲ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻨﻪ ، ﺟﻤﻊ ﺍﻟﻨﺎﺱ ﻋﻠﻰ ﺃﺑﻲ ﺑﻦ ﻛﻌﺐ ، ﻓﻜﺎﻥ ﻳﺼﻠﻲ ﺑﻬﻢ ﻋﺸﺮﻳﻦ ﻟﻴﻠﺔ ، ﻭﻻ ﻳﻘﻨﺖ ﺑﻬﻢ ﺇﻻ ﻓﻲ ﺍﻟﻨﺼﻒ ﺍﻟﺒﺎﻗﻲ ، ﻓﺈﺫﺍ ﻛﺎﻧﺖ ﺍﻟﻌﺸﺮ ﺍﻷﻭﺍﺧﺮ ﺗﺨﻠﻒ ﻓﺼﻠﻰ ﻓﻲ ﺑﻴﺘﻪ ، ﻓﻜﺎﻧﻮﺍ ﻳﻘﻮﻟﻮﻥ : ﺃﺑﻖ ﺃﺑﻲ . ﺭﻭﺍﻩ ﺃﺑﻮ ﺩﺍﻭﺩ . 

ﻭﻻ ﻳﻘﻨﺖ ﺑﻬﻢ ، ﺃﻱ : ﻓﻲ ﺍﻟﻮﺗﺮ ، ﻭﻟﻌﻠﻪ ﻣﻘﻴﺪ ﺑﺎﻟﺪﻋﺎﺀ ﻋﻠﻰ ﺍﻟﻜﻔﺎﺭ ﻟﻤﺎ ﻣﺮ ﺑﺴﻨﺪ ﺹﺣﻴﺢ ﺃﻭ ﺣﺴﻦ ، ﻋﻦ ﻋﻤﺮ ﺭﺿﻲ ﺍﻟﻠﻪ ﻋﻨﻪ ، ﺃﻥ ﺍﻟﺴﻨﺔ ﺇﺫﺍ ﺍﻧﺘﺼﻒ ﺭﻣﻀﺎﻥ ﺃﻥ ﻳﻠﻌﻦ ﺍﻟﻜﻔﺮﺓ ﻓﻲ ﺍﻟﻮﺗﺮ ، ﺛﻢ ﻭﺟﻪ ﺍﻟﺤﻜﻤﺔ ﻓﻲ ﺍﺧﺘﻴﺎﺭ ﺍﻟﻨﺼﻒ ﺍﻷﺧﻴﺮ ﻳﺤﺘﻤﻞ ﺃﻥ ﻳﻜﻮﻥ ﺗﻔﺎﺅﻻ ﺑﺰﻭﺍﻟﻬﻢ ﻭﺍﻧﺘﻘﺎﻟﻬﻢ ﻣﻦ ﻣﺤﺎﻟﻠﻬﻢ ﻭﺍﻧﺘﻘﺎﺻﻬﻢ ، ﻛﻤﺎ ﺍﺧﺘﻴﺮ ﺍﻟﻨﺼﻒ ﺍﻷﺧﻴﺮ ﻣﻦ ﻛﻞ ﺷﻬﺮ ﻟﻠﺤﺠﺎﻣﺔ ﻭﺍﻟﻔﺼﺪ ﻣﻦ ﺧﺮﻭﺝ ﺍﻟﺪﻡ ﻟﺨﺮﻭﺝ ﺍﻟﻤﺮﺽ ﻭﺯﻭﺍﻝ ﺍﻟﻌﺎﻫﺔ . 

Fasal Katilu 1293 - ti al-Hasan Ra. Yen sayidina 'Umar bin al-Khotthob Ra. ngumpulkeun jama'ah kalawan panduan Ubay bin Ka'ab, terus anjeuna ngalakukeun sholat sareng aranjeuna salami dua puluh peuting, sareng anjeuna teu ngado'a qunut sareng aranjeuna iwalti dina saparo nu akhir nu nyesa. Terus nalika tos sapuluh poe nu akhir manehna mundur terus sholat di bumina. Terus aranjeuna nyaurkeun: Ubay tos kabur. HR. Abu Daud

Redaksi Hadits: "Sareng anjeuna teu ngado'a qunut sasarengan sareng aranjeuna". Maksudna dina sholat witir sareng mungkin hal eta pikeun ngado'akeun jalma-jalma kafir saluyu sareng hadits nu tos kaliwat kalawan sanad nu shohih atawa hasan ti sayidina 'Umar "yen sunnah lamun bulan Romadlon tos kenging saparo kudu ngalaknat jalma-jalma kafir dina sholat witir". Terus ari wajah hikmah dipilihna saparo nu akhir eta salaku sikep pangharepan kana leungitna kaom kafir, inditna maranehna ka tempat nu jauh, jeung ngurangannana jumlah maranehna,sakumaha ngurangannana poe-poe bulan Romadlon nu geus rek enggeusan jeung rek sirna.
Wallohu A’lam Bisshowab.

Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

Baca Juga: Khotib Memegang Tongkat Ketika Khutbah Jum'atHukum Shalat Witir dan Qunut dalam Shalat Witir

Thursday, August 1, 2013

Khotib Memegang Tongkat Ketika Khutbah Jum'at

Imam Shon’ani nyaurkeun;

وَفِى الْحَدِيْثِ دَلِيْلٌ عَلَى اَنَّهُ يُنْدَبُ لِلْخَطِيْبِ اْلاِعْتِمَادُ عَلَى سَيْفٍ اَوْنَحْوِهِ وَقْتَ خُطْبَتِهِ (سبل السلام,ج2 ص59)

Hadits ngajelaskeun ngeunaan kasunnahan khotib nyepeng pedang atawa saperti (tongkat) dina waktu ngadugikeun khutbahna. (Subul al-Salam, Juz II, hal. 59)

 عَنْ شُعَيْبِ بْنِ زُرَيْقٍ الطَائِفِيِّ قَالَ شَهِدْناَ فِيْهَا الجُمْعَةَ مَعَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَامَ مُتَوَكِّئًا عَلَى عَصَا أَوْقَوْسٍ

Katampi ti Syu'aib bin Zuraidj at-Tho'ifi anjeuna nyaurkeun ''Kami nghadiran sholat Jum'at dina hiji tempat sarta Rosulullah SAW. Maka  Anjeuna teras ngadeg nyepeng kana hiji tongkat atawa busur panah". (Sunan Abi Dawud hal. 824).

As Shon’ani ngomentar hadits di luhur yen hadits eta ngajelaskeun ngeunaan “sunnahna khotib nyepeng pedang atawa sabangsana dina waktu nganepikeun khutbahna”. (Subululus Salam, juz II, hal 59) 

فَإِذَا فَرَغَ المُؤَذِّّنُ قَامَ مُقْبِلاً عَلَى النَّاسِ بِوَجْهِهِ لاَ يَلْتَفِتُ يَمِيْنًا وَلاَشِمَالاً وَيُشْغِلُ يَدَيْهِ بِقَائِمِ السَّيْفِ أَوْ العُنْزَةِ وَالمِنْبَرِ كَيْ لاَ يَعْبَثَ بِهِمَا أَوْ يَضَعَ إِحْدَاهُمَا عَلَى الآخَرِ

Lamun muadzin tos rengse (adzan), maka khotib ngadeg mayun ka jama' ah ku rarayna. Teu meunang ngalieuk ka katuhu atawa ka kenca. Sareng dua panangannana nyepeng pedang nu ditangtungkeun atawa tongkat pondok sarta (panangan nu hiji na deui nyepeng) mimbar. Supaya manehna teu ngusak-ngusikkeun dua panangannana. (Lamun teu kitu) atawa manehna ngahihjikeun panangan nu hiji jeung nu sejen". (Ihya' 'Ulumud -Din, juz I, hal 180).

Jumhur ulama’ nyaurkeun yen sunnah hukumna pikeun khotib pikeun nyepeng tongkat dina nalika maca khutbah. Hal eta dijelaskeun ku Imam Syafi’i dina kitab al-Umm juz I. Hal.272.

 قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَكُمُ اللهُ وَبَلَغْنَا اَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كَانَ اِذَا خَطَبَ اِعْتَمَدَ عَلَى عَصًا وَقَدْ قِيْلَ خَطَبَ مُتَعَمِّدًا عَلَى عَنَـزَةٍ وَعَلَى قَوْسٍ وَكُلُّ ذَلِكَ اِعْتِمَادٌ اَخْبَرْنَا الرَّبِيْعُ قَالَ اَخْبَرْنَا الشَّافِعِيُّ قَالَ اَخْبَرْنَا اِبْرَاهِيْمُ عَنْ لَيْثٍ عَنْ عَطَاءٍ اَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كِانِ اَذَا خَطَبَ يَعْتَمِدُ عَلَى عَنَـزَتِهِ اِعْتِمَادًا (الأم ج1 ص 272)

(Imam Syafi’i Ra nyaurkeun) mudah-mudahan Allah Swt. masihkeun rohmat ka anjeuna, sareng tos nepi ka kami (khobar) yen nalika Rosulullah Saw. khutbah, anjeuna nyepeng kana tongkat. Aya nu nyaurkeun, anjeuna khutbah kalawan nyepeng tongkat pondok sareng anak panah. Sadaya barang-barang eta dijadikeun tempat naleukeum (nyepengan). Al-Robi’ ngabarkeun ti imam Syafi’i ti Ibrohim, ti Laits ti ‘Atho’, yen Rosulullah Saw. upami khutbah anjeuna nyepeng tongkat pondokna pikeun dijadikeun tumpuan.
(Kitab Al-Umm, juz I, hal.272)

Hikmah dianjurkeunnana nyepeng tongkat eta pikeun ngabeungkeut hate (supaya leuwih konsentrasi) sareng supaya teu ngusak-ngusikkeun panangannana. Kitu nu kaunggel dina Kitab Subulus Salam, juz II, hal 59.

Wallohu a’lam.

Sumber: Ust. Aep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I