Kautamaan
Muharram ngarupakeun hiji tina opat bulan nu dimuliakeun Allah. Opat bulan eta nyaeta, Dzulqo’dah, Dzulhijjah, Muharram sareng Rajab.
إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِنْدَ اللَّهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ
“Saenyana jumlah bulan dina kitabullah (Al Quran) eta aya dua belas bulan ti mimiti Allah nyiptakeun langit sareng bumi, opat di antarana eta bulan-bulan haram(mulya)” (QS. At Taubah: 36)
Amalan Do`a nyambut pergantian taun.
Sakuduna dina poe terakhir bulan Zulhijjah sareng dina 1 Muharram dieusi ku :
Doa Akhr Taun Hartina: “ Kalawan nyebat nami Allah Nu Maha Asih tur Maha Mikanyaah. Mugia Allah ngalimpahkeun rohmat sareng kasalametan ka junjungan abdi nabi Muhammad SAW,sarta para kulawarga sareng sahabatna. Ya Allah, sagala nu tos ku abdi dilakukeun salami taun ieu tina naon nu ku Gusti dilarang, sedeng abdi teu acan taubat,padahal Gusti teu ngahilapkeunnana sareng Gusti sabar (kalawan kasih sayang-Gusti), nu saenyana Gusti kawasa masihan siksa ka abdi,sareng Gusti tos ngajak ka abdi supaya taubat saatos ngalakukeun maksiat.Ku margi kitu ya Allah, abdi nyuhunkeun hampura Gusti sareng pasihan hampura ka abdi kalawan berehan Gusti. Sagala nu ku abdi tos dilakukeun, salami taun ieu, mangrupa amal perbuatan nu Gusti ridho sareng Gusti ngajanjikeun bakal ngabalesna ku pahala, abdi nyuhunkeun ka-Gusti, he Dzat Nu Maha Berehan, he Dzat Nu Gaduh Kaagungan sareng Kamuliaan,mugia kersa nampi amal abdi sareng mugia Gusti teu mutuskeun harepan abdi ka-Gusti, he Dzat Nu Maha Berehan.Sareng mugia Allah masihan rohmat sareng kasalametan ka pamingpin abdi Nabi Muhammad,kulawarga sareng sahabatna. Amin yaa robbal ‘alamin.
1.Ngadu’a akhir taun dina poe terakhir bulan Zulhijah saatos Asar seueurna 3X
Fadhilahna nyaeta saha jalma maca do’a ieu dina waktu eta maka setan ngomong: “Kasusahan pikeun kami,jeung mubah pagawean kami ngagoda anak Adam(manusa) dina sa taun ieu karena maranehna migawe amal ieu ngan ukur dina waktu kurang leuwih 1 jam”.
2.Ngado’a awal taun
DO’A AWAL TAUN, Kalawan nyebat Nami Allah Nu Maha Asih tur Maha Mikanyaah. Mugia Allah salamina ngalimpahkeun rohmat sareng kasalametan ka junjungan abdi Nabi Muhammad SAW, sarta ka kulawarga sareng sohabatna. Ya Allah Gusti Nu Abadi, Tipayun, sareng Nu Awal. Sareng ngan kana Karunia Gusti nu Agung sareng sifat Berehan-Gusti tempat abdi gumantung. Sareng ieu taun baru bener-bener tos sumping. Abdi nyuhunkeun ka Gusti lindungan dina taun ieu tina (godaan) setan, kakasih-kakasihna sareng bala tentarana. Sareng abdi nyuhunkeun pitulung kanggo ngelehkeun hawa nafsu amarah nu ngajak kana kajahatan,supaya abdi sibuk ngalakukeun amal nu bisa ngadeukeutkeun diri abdi ka-Gusti he Dzat nu gaduh Kaagungan sareng Kamuliaan. Mugia Allah salamina ngalimpahkeun rohmat sareng kasalametan ka junjungan abdi Nabi Muhammad SAW,sarta para kulawargana sareng sahabatna. Amin yaa robbal ‘alamin
Dibaca dina 1 Muharram saatos Maghrib 3X
Dina Malemna ti mimiti surupna Panon poe (muncul beureum Jingga) eta tanda tanggal 1 Muharam tos datang. Urang kedah nyuhunkeun ka Alloh supaya dina Taun payun urang salamet tina godaan syetan.
Fadhilahna saha jalma ngad’oa ieu syetan-syetan bakal ngaromong :
“Kacida bagjana eta jalma sabab manehna bakal dilindungan tina godaan-godaan kami dina sesa umurna, karena Allah ngutus 2 malaikat pikeun ngajagana tina godaan-godaan kami”
3. Saatos solat subuh dina 1 Muharram dianjurkeun dibacakeun Ayat Kursi seueurna 360 kali kalawan maca Bismillahirrohmaanirrohim dina satiap mimiti macana. Insya Allah saha jalma nu ngamalkeunnana, bakal dibere kasalametan sareng dijaga tina sagala musibah sareng sempitna rezeki.
Amalan-amalan sejen nu disunatkeun nyaeta: a) Qiyamullail - Solat Tahajjud, Solat Hajat, Solat Sunat Taubat b) Maca Al-Quran c) Dzikir
POE ASYURO` (10 MUHARAM)
10 Muharam – Dingaranan oge poe ‘Asyuro’. Dina poe eta seueur terjadi peristiwa penting nu mencerminkeun kagemilangan pikeun perjuangan sareng tabah dina negakkeun kaadilan sareng kabeneran.sawareh peristiwa eta nyaeta:
Nabi Adam taubat ka Allah,Taubatna ditampi ku Alloh dina ieu poe.
Nabi Idris diangkat ku Allah ka langit (alam gaib).
Nabi Nuh disalametkeun ku Allah kaluar tina parahuna saatos bumi diteuleumkeun salami genep bulan.
Nabi Ibrohim disalametkeun ku Allah tina diduruk ku Raja Namrud.
Allah nurunkeun kitab Taurat ka Nabi Musa.
Nabi Yusuf dibebaskeun tina penjara.
Paningali Nabi Ya`kub nu lolong dicageurkeun ku Allah.
Nabi Ayub dicageurkeun Allah tina panyakit kulit nu dideritana.
Nabi Yunus salamet kaluar tina beuteung lauk paus saatos aya di jerona salami 40 poe 40 peuting.
10. Laut Merah Beulah jadi dua pikeun nyalametkeun Nabi Musa sareng umatna tina tentara Raja Firaun.
11. Kasalahan Nabi Daud dihampura ku Allah.
12. Nabi Sulaiman dipasihan ku Allah karajaan nu gede.
13. Poe mimiti Allah nyiptakeun alam.
14. Poe mimiti Allah nurunkeun Rohmat.
15. Poe mimiti Allah nurunkeun hujan.
16. Allah ngajadikeun ‘Arasy.
17. Allah ngajadikeun Luh Mahfuz.
18. Allah ngajadikeun Malaikat Jibril.
19. Nabi Isa diangkat ka langit (alam gaib).
Ti Abu Hurairoh r.a. disebatkeun Rosulullah S.a.w. ngadawuh, "Sautama-utamana puasa saatos puasa bulan Romadon eta puasa bulan Muharram sareng sautama-utamana solat saatos solat fardu eta solat peuting". (Sahih Muslim)
Abul Laits Asssamarqondi ngariwayatkeun kalawan sanadna ti Ibnu Abbas R.a nyaurkeun : Rosulullah SAW ngadawuh : "Saha jalma nu puasa dina poe Asyuro nyaeta 10 Muharram, maka Allah bakal masihan ka manehna pahala 10,000 malaikat; sareng saha jalma nu puasa dina poe Asyuro, maka bakal dibere pahala 10, 000 jalma nu munggah Haji sareng Umroh, sareng 10, 000 jalma nu maot syahid; sareng saha jalma nu ngusap sirah anak yatim dina poe Asyuro, maka satiap salambar rambutna Allah bakal naekkeun sa darajat. sareng saha jalma nu mere dahar buka puasa ka saurang mukmin nu puasa dina poe Asyuro, maka saolah-olah mere buka puasa ka sadaya umat Nabi Muhammad SAW sareng ngawaregkeun beuteung maranehna." Sohabat naros : "Ya, Rosulullah, Allah tos ngaleuwihkeun poe Asyuro tina poe-poe nu sejen." Jawab Rosulullah: "Bener!" Abul-Laits ngariwayatkeun kalawan sanadna ti Muhammad bin Maisaroh nyaurkeun : Rosulullah SAW ngadawuh : "Yen saha jalma nu ngajembarkeun ka kulawargana dina poe Asyuro, maka Allah bakal ngajembarkeun rezekina sapanjang taun eta"
Said bin Jubair ti Ibnu Abbas r.a. nyaurkeun :Nalika Nabi SAW nembe hijrah ka Madinah, mendakan kaum Yahudi puasa dina poe Asyuro, maka ditaroskeun ka maranehna ngeunaan eta. Jawab maranehna : "Poe ieu Allah ngameunangkeun Nabi Musa a.s. sareng Bani Isroil ka Fir'aun sareng kaumna. Maka kami puasa kerana ngagungkeun ieu poe". Maka dawuhan Nabi SAW :"Kami leuwih pantes nuturkeun jejak Nabi Musa tibatan anjeun", maka Nabi SAW miwarang sohabat supaya puasa.
Abu Musa Al Madani ngariwayatkeun ti Ibnu Umar R.a.; "Saha jalma nu puasa dina poe Asyuro eta saperti puasa sataun sareng saha nu sodakoh dina poe Asyuro eta pikeun kami sodakoh sataun." (Riwayat Albazzar) . Ti Abu Qotadah Al-Anshori R.a, Rosulullah S.a.w. ditaros ku hiji jalmi ngeunaan puasa poe Arofah. Jawab anjeuna : "Mugia bisa ngahapus dosa taun nu geus kaliwat sareng nu bakal datang". Teras Nabi ditaros oge ngeunaan puasa poe Asyuro, jawab anjeuna, "Mugia bisa ngahapus dosa taun nu geus kaliwat". (Sohih Muslim)
Rosulullah S.a.w. ngadawuh; "Pek puasa anjeun dina poe ka salapan sareng sapuluh Muharam sareng ulah niru cara urang-urang Yahudi." - Riwayat Al Baihaqi.
Amalan dina poe Asyruro`.
Tina dalil-dalil di luhur bisa disimpulkeun yen sawareh tina amalan nu disunnahkeun dina poe asyuro` nyaeta:
1.Puasa
Sacara umum, puasa Muharram bisa dilakukeun kalawan sababaraha pilihan. Ka hiji, puasa tilu poe, sapoe samemehna sareng sapoe saentosna, nyaeta puasa tanggal 9, 10 sareng 11 Muharram. Kadua, puasa dina poe eta sareng sapoe saentosna atawa samemehna, nyaeta puasa tanggal: 9 sareng 10, atawa 10 sareng 11. Katilu, puasa dina tanggal 10 bae, hal ieu karena nalika Rosulullah Saw marentahkeun pikeun puasa dina poe ‘Asyuro para sohabat nyaurkeun: “Eta hiji poe nu diagungkeun ku urang-urang Yahudi sareng Nasrani, anjeuna ngadawuh: “Lamun datang taun hareup insya Allah urang bakal puasa poe kasalapan, tapi anjeuna kabujeng pupus manten dina taun eta.” (HR. Muslim).
2. Shodaqoh
Salian puasa, umat Islam disarankeun pikeun loba sodakoh sareng nyadiakeun dahareun leuwih loba pikeun kulawargana dina 10 Muharram. Tradisi ieu memang teu disebutkeun dina hadist, tapi ulama saperti Imam Baihaqi sareng Ibnu Hibban nganyatakeun yen hal eta alus pikeun dilakukeun.
Kitu oge sawareh umat Islam ngajadikeun bulan Muharram salaku bulan anak yatim. Nyantuni sareng miara anak yatim eta hiji perkara nu kacida mulia sareng bisa dilakukeun iraha bae. Abdi teu acan mendak dasar nu kuat ngaitkeun mikanyaah sareng nyantuni anak yatim ngan khusus dina bulan Muharram wungkul. Wallohu A’lam.