Pengarang kitab al-Hikam nu kacida populer di nagri urang ieu eta namina Tajuddin, Abu al-Fadl, Ahmad bin Muhammad bin Abd al-Karim bin Athoillah al-Sakandari al-Judzami al-Maliki al-Syadzili. Anjeuna berasal ti bangsa Arab. Nenek moyangna asal ti Judzam nyaeta salah sahiji Kabilah Kahlan nu ka dituna ka Bani Yastrib bin Qohton, bangsa Arab nu terkenal kalawan Arab al-Aribah. Kota Iskandariah,kota sisi laut ieu ngarupakeun kota kalahiran sufi besar ieu. Hiji tempat di mana kulawargana calik sareng akina ngajar. Sanajan namina dugi ka ayeuna kacida seungit,tapi ngeunaan iraha sufi agung ieu dilahirkeun teu aya catetan nu tegas. Kalawan nalungtik perjalanan hirupna DR. Taftazani bisa ngira-ngirakeun yen anjeuna dilahirkeun sekitar taun 658 dugi ka 679 H.
Ramana kaasup sazaman sareng Syaikh Abu al-Hasan al-Syadili -pendiri Thoriqoh al-Syadziliyyah-sakumaha dicarioskeun ku Ibnu Athoillah dina kitabna Lathoiful Minan ‘Pun bapa nyaurkeun ka kami,hiji waktu kami nepangan ka Syaikh Abu al-Hasan al-Syadzili,teras kami nguping anjeuna nyaurkeun: “Demi Allah, aranjeun tos nanya ka kami ngeunaan hiji masalah nu kami teu apal jawabannana, terus kami manggihan jawabannana aya tertulis dina pena,samak sareng dinding tembok.”
Kulawarga Ibnu Athoillah eta kulawarga nu terdidik dina lingkungan agama, aki ti jalur nasab ramana eta saurang ulama fiqih dina zamanna. Tajuddin nalika rumaja tos diajar ka ulama tingkat luhur di kota Iskandariah saperti al-Faqih Nasiruddin al-Mimbar al-Judzami. Kota Iskandariah dina mangsa Ibnu Athoillah memang salah sahiji kota ilmu di semenanjung Mesir, karena Iskandariah seueur dihiasi ku para ulama dina bidang fiqih, hadits, usul, sareng ilmu-ilmu bahasa Arab, tangtu bae oge seueur tokoh-tokoh tasawwuf sareng para Auliya’ Sholihin.
Ku margi kitu teu heran lamun Ibnu Athoillah tumbuh salaku saurang faqih, sakumaha harepan ti akina. Tapi kafaqihannana terus berlanjut dugi kana tingkatan tasawuf. Hal mana ngajadikeun akina sacara terang-terangan teu mikaresepna.
Ibnu Athoillah nyarioskeun dina kitabna Lathoiful Minan yen akina eta saurang nu teu panuju kana tasawwuf, tapi anjeuna sareng para ulama sufi lianna sabar kana serangan ti akina. Di dieu guru Ibnu Athoillah nyaeta Abul Abbas al-Mursy nyaurkeun: “Lamun anak ti saurang ‘alim fiqih Iskandariah (Ibnu Athoillah) datang ka dieu, punten bejaan kuring”, sareng nalika kami datang, al-Mursi nyaurkeun: “Malaikat Jibril kantos sumping ka Nabi sasarengan sareng malaikat penjaga gunung nalika urang Quraisy teu percaya ka Nabi. Malaikat penjaga gunung teras uluk salam ka Nabi sareng nyaurkeun: ” He Muhammad.. lamun anjeun hayang, maka ku kami rek diragragkeun dua gunung ka maranehna”. Kalawan bijak Nabi nyaurkeun : ” Henteu,, kami miharep supaya engke bakal kaluar jalma-jalma nu bertauhid sareng teu musyrik ti maranehna”. Kitu oge, urang kudu sabar kana sikep aki nu ‘alim fiqih (aki Ibnu Athoillah) demi jalma nu ‘alim fiqih ieu.
Dina akhirna Ibn Atho’illah memang leuwih terkenal salaku saurang sufi besar.
Tapi menarik oge perjalanan hirupna, tina didikan nu murni fiqh dugi ka bisa ngahijikeun fiqh sareng tasawuf. Ku margi kitu buku-buku biografi nyebutkeun riwayat hirup ibnu Athoillah jadi tilu mangsa :
Mangsa ka hiji
Mangsa ieu dimimitian nalika anjeuna calik di Iskandariah salaku pencari ilmu agama saperti tafsir, hadits, fiqih, usul, nahwu sareng nu lianna ti para ‘alim ulama di Iskandariah. Dina periode eta anjeuna terpengaruh pemikiran-pemikiran akina nu ingkar ka para ahli tasawwuf karena kafanatikannana kana ilmu fiqih, dina hal ieu Ibnu Athoillah nyarioskeun : “Kapungkur kami kaasup jalma nu ingkar ka Abu al-Abbas al-Mursi, nyaeta samemeh kami jadi murid anjeuna. Pendapat kami waktu harita yen nu aya ngan ulama ahli dzohir, tapi maranehna (ahli tasawwuf) mengklaim ayana hal-hal nu leuwih gede, samentara dzohir syariat eta nentangna.”
Mangsa ka dua
Mangsa ieu ngarupakeun mangsa pang pentingna dina kahirupan sang guru pemburu kajernihan hate ieu. Mangsa ieu dimimitian ti nalika anjeuna tepang sareng guruna, Abu al-Abbas al-Mursi, taun 674 H, sareng berakhir kalawan ngalihna ka kota Kairo. Dina mangsa ieu maka ilang/sirna kaingkarannana ka ulama’ tasawwuf. Nalika tepang sareng al-Mursi, anjeuna jatuh kagum,ajrih sareng simpati. Akhirna anjeuna nyandak Thoriqoh langsung ti guruna ieu. Aya carita nu menarik kunaon anjeuna kersa milih dunia tasawuf ieu. Hiji waktu nalika Ibnu Atho’ ngalaman goncangan batin, jiwana tertekan. Anjeuna bertanya-tanya dina hatena : “Naha memang sakuduna kuring benci kana tasawuf? Naha kaasup perkara nu bener lamun kuring teu mikaresep ka Abul Abbas al-Mursi ?. saatos lami kuring ngarenungkeun, ngalenyepan akhirna kuring ngawanikaeun karep pikeun nyaketan anjeuna, ningali saha al-Mursi teh sabenerna,naon nu ku anjeuna diajarkeun sajatina. Lamun memang anjeuna jalmi hade tur bener maka sadayana bakal katingali. Lamun teu kitu halna maka keun wae ieu jadi jalan hirup kuring nu teu bisa sajalan sareng tasawuf.
Terus kami datang ka majlisna. Kami ngupingkeun, ngaregepkeun ceramahna kalawan tekun ngeunaan masalah-masalah syara’. Ngeunaan kawajiban, kautamaan sareng sajabana. Di dieu jelas sadaya yen ternyata al-Mursi nu engkena jadi guru sajati kami ieu nyandak ilmu langsung ti Alloh. Sareng sadaya puji kagungan Allah, Mantena tos ngaleungitkeun rasa bimbang nu aya dina hate kuring”. Maka saperti kitu, nalika anjeuna tos ngaraosan amisna tasawuf hatena makin kacangreud pikeun asup ka jero sareng leuwih jero deui. Dugi ka anjeuna gaduh sangkaan moal bisa jadi saurang sufi sajati iwalti kudu asup kana eta dunia sacara total, ngabeakkeun sakabeh waktuna pikeun sang guru sareng ningalkeun aktivitas sejen. Tapi sanaos kitu anjeuna teu wantuneun mutuskeun kahoyongna eta kecuali saatos kenging izin ti sang guru nyaeta al-Mursi.
Dina hal ieu Ibnu Athoilah nyarioskeun : “Kami nepangan pun guru al-Mursi, sareng dina hate kami aya kahoyong pikeun ninggalkeun ilmu dzohir. Teu acan sempet kami ngadugikeun naon nu terbersit dina hate kami ieu ujug-ujug anjeuna nyaurkeun : “Di kota Qous kami gaduh rerencangan namina IbnuNaasyi. Kapungkur manehna eta pengajar di Qous sareng salaku wakil pamarentah. Manehna ngarasakeun sakedik amisna toriqah urang. Terus manehna nepungan kami sareng nyaurkeun : “Guru abdi, naha saena abdi ngantunkeun tugas abdi ayeuna ieu sareng teras ngakhidmat bae ka anjeun?”. Kami nempo ka manehna sakedap,terus kami nyarios : “Ulah kitu dina toriqoh urang. Tetep anjeun dina kadudukan nu tos ditangtukeun Allah ka anjeun. Naon nu geus jadi takdir anjeun bakal nepi oge ka anjeun”.
Saatos sasauran saperti kitu nu saleresna eta nasehat pikeun kuring,anjeuna sasauran : “Saperti kieu kaayaan jalmi-jalmi al-Siddiqiyin. Maranehna sama sakali teu kaluar tina hiji kadudukan nu tos ditangtukeun Allah dugi ka Anjeuna nyalira nu ngaluarkeun maranehna”. Nguping penjelasan panjang lebar saperti kitu kuring sadar sareng teu tiasa ngucapkeun sakecap oge. Sareng alhamdulillah Allah telah ngahapus karagu-raguan nu aya dina hate kuring, ibarat kuring kakara tos ngudar pakean kuring. Kuring oge rido tenang kana kadudukan nu dipasihkeun ku Allah”.
Mangsa ka tilu
Mangsa ieu dimimitian ti mimiti pindahna Ibn Atho’ ti Iskandariah ka Kairo. Sareng rengse ku ngalihna ka haribaan Nu Maha Asih dina taun 709 H. Mangsa ieu eta mangsa kamatangan sareng kasampurnaan IbnuAthoillah dina ilmu fiqih sareng ilmu tasawwuf. Anjeuna ngabedakeun antara Uzlah sareng kholwah. Uzlah nurutkeun anjeuna eta mutuskeun (hubungan) ma’nawi sanes hakiki, dzohir sareng makhluk, nyaeta kalawan cara si Salik (jalmi nu uzlah) sok selalu ngontrol dirina sareng ngajagana tina tipuan duniawi. Nalika saurang sufi tos mantep kalawan uzlah-na sareng nyaman kalawan kasorangannana manehna asup kana tahapan kholwat. Sareng kholwat dipahami kalawan hiji cara menuju ka Dzat Alloh, kholwat eta ngarendahkeun diri di payuneun Allah sareng mutuskeun hubungan sareng salian Allah SWT.
Nurutkeun Ibnu Athoillah, ruangan nu alus pikeun kholwat eta nu jangkungna, sajangkung eta jalma nu kholwat. Panjangna sapanjang manehna sujud. Legana salebar tempat diukna. Eta ruangan teu aya lawang pikeun asupna cahaya panonpoe, jauh tina karamean, pantona rapet, sareng teu aya di jero imah nu loba pangeusina.
Ibnu Athoillah saatos dikantunkeun ku guruna Abu al-Abbas al-Mursi taun 686 H,jadi gaganti anjeuna dina ngembangkeun Toriqoh Syadziliah. Tugas ieu diemban ku anjeuna sajabina ti tugas ngajar di kota Iskandariah. Maka nalika pindah ka Kairo, anjeuna tugas ngajar sareng ceramah di Masjid al-Azhar. Ibnu Hajar nyaurkeun: “Ibnu Athoillah ceramah di Azhar kalawan tema nu matak tenang kana hate sareng ngahijikeun kasauran-kasauran kalolobaan jalma sareng riwayat-riwayat ti ulama salafus soleh, oge sagala macem elmu. Maka teu heran lamun pengikutna berjubel sareng anjeuna jadi simbol kasaean”. Hal nu sami oge diucapkeun ku Ibnu Tagri Baradi : “Ibnu Athoillah eta saurang jalmi sholeh, sasauran di luhur korsi guru al Azhar, sareng dihadiran ku hadirin nu seueur pisan. Ceramahna kacida karasa keuna kana jero hate. Anjeuna ngagaduhan elmu nu jero ngeunaan kasauran ahli hakekat sareng para ahli toriqoh”. Kaasup tempat ngajar anjeuna nyaeta Madrasah al-Mansuriah di Hay al-Shoghoh. Anjeuna ngagaduhan seueur murid nu terus jadi saurang ahli fiqih sareng tasawwuf, saperti Imam Taqiyyuddin al-Subki, bapana Tajuddin al-Subki, pengarang kitab Tobaqoh al-Syafi’iyyah al-Kubro.
Salaku saurang sufi nu ‘alim Ibn Atho’ ninggalkeun seueur karangan aya 22 kitab langkung. Ti mimiti elmu sastra, tasawuf, fiqih, nahwu, mantiq, filsafah nepi ka khitobah.
Karomah Ibn Athoillah
Al-Munawi dina kitabna Al-Kawakib al-durriyyah nyaurkeun: SyaikhKamal Ibnu Humam nalika ziarah ka makam wali besar ieu maca Surat Hud dugi ka ayat nu hartina: “Diantara maranehna aya nu cilaka sareng nu bahagia…”. Ujug-ujug kakuping sora tina jero liang kubur Ibn Athoillah bari tarik : “He Kamal teu aya di antara urang nu cilaka”. Demi nyaksikeun karomah agung saperti ieuIbnu Humam wasiat supaya dimakamkeun caket sareng IbnuAthoillah nalika maotna isukan.
Di antara karomah pengarang kitab al-Hikam ieu nyaeta, hiji waktu nalika salah sahiji murid anjeuna angkat naek haji. Di ditu si murid eta ningali Ibn Athoillah nuju thowaf. Anjeuna oge ningali sang guru aya di pengkereun maqom Ibrohim, di Mina sareng Arofah.Nalika mulang, manehna nanyakeun ka batur-baturna naha guruna angkat haji atawa henteu. Si murid langsung kaget nalika nguping baturna ngajawab “Henteu”. Kurang puas kana jawaban baturna, manehna nepangan guruna. Teras guru pembimbing spiritual ieu balik nanya : “Saha nu ku anjeun dipanggihan di ditu ?” terus si murid ngajawab : “Tuan abdi,abdi ningali tuan guru di ditu “. Bari imut al-Arif billah ieu nerangkeun : “Orang besar eta tiasa minuhan dunia. Lamun bae Wali Qutb dipanggil tina liang taneuh, manehna pasti ngajawabna.”
Ibn Atho’illah wafat
Taun 709 H eta taun kasedihan dunia mayapada ieu. Karena taun eta wali besar nu tetep abadi nami sareng kasaeannana ieu kedah ngalih ka alam barzah, langkung nyaketan ka Sang Pencipta.Tapi sanajan kitu madrasah al-Mansuriyyah tiasa untung karena di dinya jasad muliana papisah sareng sang nyawa. Rebuan nu ngalayad ti Kairo sareng sekitarna ngiringkeun kakasih Allah ieu pikeun dimakamkeun di pamakaman al-Qorrofah al-Kubro.
No comments:
Post a Comment