1. Dina Kitab Sunan Tirmidzi juz III halaman 26, citakan ka II taun 1403 H – 1983 M Daar al Fikr, nomer hadits 1526 / juz IV halaman 83, nomer hadits 1493, tina maktabah syamilah
حَدَّثَنَا أَبُوْ عَمْرٍو مُسْلِمُ بْنُ عَمْرٍو الْحَذَّاءُ الْمَدَنِيُّ حَدَّثَنَا عَبْدُ اللهِ بْنُ نَافِعٍ الصَّابِغُ أَبُوْ مُحَمَّدٍ عَنْ أَبِي الْمُثَنَّى عَنْ هِشَامِ بْنِ عُرْوَةَ عَنْ اَبِيْه عَنْ عَائِشَةَ : أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ مَا عَمِلَ آدَمِيٌّ مِنْ عَمَلٍ يَوْمَ النَّحْرِ اَحَبَّ اِلَى اللهِ مِنْ إِهْرَاقِ الدَّمٍ اِنَّهَا لَتَأْتِيْ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ بِقُرُوْنِهَا وأَشْعَارِهَا وَاَظْلاَفِهَا وَأَنَّ الدَّمَ لَيَقَعُ مِنَ اللهِ قَبْلَ اَنْ يَقَعَ مِنَ اْلاَرْضِ فَطِيْبُوْا بِهَا نَفْسًا
Tos nyaritakeun ka kami Abu Amr Muslim bin Amr Al Hadzdza` Al Madani, tos nyaritakeun ka kami Abdullah bin Nafi’ Ashshabigh Abu Muhammad, ti Abul Mutsanna, ti Hisyam bin Urwah, ti bapana, ti Aisyah, saenyana Rosulullah shollallaahu ‘alaihi wasallam ngadawuh: “Teu pati-pati beramal anak Adam dina poe Nahar ('Iedul Adha) nu pang dipikaresep ku Allah salian ti ngocorkeun getih (meuncit qurban). Eta qurban bakal datang ka jalmi-jalmi nu ngalakukeunnana dina poe qiyamat kalawan tanduk, bulu sareng kukuna. Getih eta qurban ragrag ka Allah heula samemeh ragrag kana taneuh. Ku sabab kitu, pek qurban anjeun kalawan suka ati!”
2. Dina Kitab Hasyiyah Asy Syarqowi ‘alattahrir juz II halaman 463, citakan Daarul Fikr:
وَذَكَرَ الرَّافِعِيُّ وَابْنُ الرِّفْعَةِ حَدِيْثَ عَظِّمُوْا ضَحَايَاكُم فَإِنَّهَا عَلَى الصِّرَاطِ مَطَايَاكُمْ وَهُوَ فِيْ مُسْنَدِ الْفِرْدَوْسِ لِأَبِيْ مَنْصُوْرٍ الدَّيْلَمِيِّ لَكِنْ بِلَفْظِ اِسْتَفْرِهُوْا بَدَلَ عَظِّمُوْا
Imam Rofi’i sareng Imam Ibnurrif’ah nyaurkeun hadits:‘ADDZIMUU DHOHAAYAKUM FA INNAHAA ‘ALASHSHIRAATHI MATHOYAAKUKUM(Sing gede sato-sato qurban aranjeun, karena saenyana eta sato bakal jadi tutumpakan aranjeun dina shiroth)
Hadits ieu dina Musnad Firdaus li Abi Manshur ad Dailami, tapi kalawan lafazh:ISTAFRIHUU (pilih nu alus)salaku gaganti lafadzh:‘ADDZIMUU (gedekeun ku anjeun)
3. Dina Kitab Sunan Al Baihaqi Al Kubro 9/261/19489-19490, tina maktabah syamilah:
أَخْبَرَنَا أَبُو الْحَسَنِ : عَلِيُّ بْنُ أَحْمَدَ بْنِ عَبْدَانَ أَخْبَرَنَا أَحْمَدُ بْنُ عُبَيْدٍ حَدَّثَنَا هِشَامُ بْنُ عَلِيٍّ اَلسِّيرَافِيُّ حَدَّثَنَا هُدْبَةُ بْنُ خَالِدٍ حَدَّثَنَا سَلَّامُ بْنُ مِسْكِيْنٍ عَنْ عَائِذِ اللهِ عَنْ أَبِيْ دَاوُدَ عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ أَنَّهُمْ قَالُوْا لِرَسُولِ اللهِ -صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ- : مَا هَذِهِ الأَضَاحِيُّ؟ قَالَ :« سُنَّةُ أَبِيْكُمْ إِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ». قَالُوْا : مَا لَنَا فِيْهَا مِنَ الأَجْرِ؟ قَالَ :« بِكُلِّ قَطْرَةٍ حَسَنَةٌ ».
Tos ngabejakeun ka kami Abul Hasan Ali bin Ahmad bin Abdan, tos ngabejakeun ka kami Ahmad bin Ubaid, tos nyaritakeun ka kami Hisyam bin Ali Assirofi, tos nyaritakeun ka kami Hudbah bin Kholid, tos nyaritakeun ka kami Sallam bin Miskin, ti ‘A’idzillah, ti Abu Dawud, ti Zaid bin Arqom rodhiyallaahu ‘anhu, yen para sohabat nanya ka Rosulullah shollallaahu ‘alaihi wasallam: “naon sabenerna qurban-qurban ieu teh? Anjeuna ngajawab: “Sunnah bapa aranjeun kabeh, Ibrohim ‘alaihissalaam”. . Sohabat naros: “Pahala naon nu ku kami tarima tina eta? Rosulullah ngajawab: “Satiap keclak getih hiji kahadean”.
وَأَخْبَرَنَا أَبُوْ عَبْدِ اللهِ الْحَافِظُ أَخْبَرَنَا أَبُوْ بَكْرٍ مُحَمَّدُ بْنُ عَبْدِ اللهِ الْبَزَّازُ بِبَغْدَادَ حَدَّثَنَا مُحَمَّدُ بْنُ مَسْلَمَةَ الْوَاسِطِيُّ حَدَّثَنَا يَزِيْدُ بْنُ هَارُوْنَ أَخْبَرَنَا سَلَّامُ بْنُ مِسْكِيْنٍ عَنْ عَائِذِ اللهِ بْنِ عَبْدِ اللهِ الْمُجَاشِعِيُّ عَنْ أَبِيْ دَاوُدَ السَّبِيْعِيِّ عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ قُلْنَا : يَا رَسُوْلَ اللهِ مَا هَذِهِ الأَضَاحِيُّ؟ قَالَ :« سُنَّةُ أَبِيْكُمْ إِبْرَاهِيْمَ عَلَيْهِ السَّلَامُ ». قَالَ قُلْنَا : فَمَا لَنَا فِيْهَا؟ قَالَ :« بِكُلِّ شَعَرَةٍ حَسَنَةٌ ». قَالَ قُلْنَا : يَا رَسُوْلَ اللهِ فَالصُّوْفُ قَالَ :« بِكُلِّ شَعَرَةٍ مِنَ الصُّوْفِ حَسَنَةٌ ».
Tos ngabejakeun ka kami Abu Abdillah Al Hafizh, tos ngabejakeun ka kami Muhammad bin Abdullah al Bazzaz di Baghdad, tos nyaritakeun ka kami Muhammad bin Maslamah al Wasithi tos nyaritakeun ka kami Yazid bin Harun, tos ngabejakeun ka kami Sallam bin Miskin, ti ‘A’idzillah bin Abdullah Al Mujasyi’i, ti Abu Dawud Assabi’i, ti Zaid bin Arqom rodhiyallaahu ‘anhu, anjeuna nyaurkeun: : kami naroskeun : He Rosulullah Naon maksud ieu qurban? Anjeuna ngawaler : “Sunnah (tuntunan) bapa aranjeun, Ibrohim”. Zaid bin Arqom nyaurkeun: Kami naros : “Pahala naon nu ku kami bakal katarima tina eta? Rosulullah ngajawab : “Satiap buluna eta hiji kahadean.” Zaid bin Arqom nyaurkeun: Kami naros : “He Rosulullah, kumaha sareng buluna?” Anjeuna ngajawab: “Satiap bulu tina buluna eta kahadean”. Wallohu A'lam
Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I
No comments:
Post a Comment