Wednesday, July 24, 2013

Bahtsul Masail: Apakah Perempuan juga Mimpi Basah?

Assalamu’alaikum ! Naha ari awewe oge sok "ngimpi basah???"Karena saterang abdi anu sok ngimpi jima’ mah lalaki.

JAWABAN :

>>
Wa'alaikumsalam

( فصل ) والذي يوجب الغسل ستة اشياء ثلاثة تشترك فيها الرجال والنساء وهي التقاء الختانين وإنزال المني والموت وثلاثة تختص بها النساء وهي الحيض والنفاس والولادة

Ari ieu eta hiji fasal;
Nu ngawajibkeun mandi eta aya genep perkara, nu tilu eta dialami ku lalaki jeung awewe nyaeta patepungna dua alat kelamin (jima’/bersetubuh), kaluarna mani (sanajan lantaran ngimpi), sareng maot. Sedeng nu tilu deui ngan dialami ku kaum awewe nyaeta Haid, Nifas sareng ngalahirkeun.
Kitab Matan Abi Sujaa’ I/ hal 21-23

>>
Naha nu leresna awewe memang ngalami ngimpi basah? Muhun, awewe oge eta ngalami ngimpi basah. Dasarna eta hadits dina Kitab shohih Bukhory, Kitab al-ghuslu bab Idza ihtalamat al-mar'ah.

Katampi ti Ummi Salamah Ummil Mu'minin nyaurkeun, tos sumping Ummu Sulaim -istri Abu Tholhah- ka RasuluLLAH, teras anjeuna naros "He Rosul, saenyana Allah teu isin kana kabeneran, naha wajib ka awewe nalika manehna ngimpi basah ?". Rosul ngadawuh “Muhun, nalika manehna ningali (ayana) cai".

عن أم سلمة أم المؤمنين أنها قالت جاءت أم سليم امرأة أبي طلحة إلى رسول الله صلى الله عليه وسلم فقالت يا رسول الله إن الله لا يستحيي من الحق هل على المرأة من غسل إذا هي احتلمت فقال رسول الله صلى الله عليه وسلم نعم إذا رأت الماء

=====================
>>
Terus kumaha masalah ngimpi basah ieu pikeun awewe remaja/gadis? naha ngimpi basah kaasup oge kana ciri baleghna? Naha teu normal lamun gadis teu pernah ngimpi basah?

>>
Dina ta’bir kitab memang aya perbedaan masalah ngimpi basah pikeun budak lalaki sareng budak awewe:

وهل يكون الاحتلام من الصبية بلوغا؟ فيه وجهان:أحدهما: لا يكون بلوغا؛ لقوله - صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ -: «وعن الصبي حتى يحتلم» . فخص الصبي بالاحتلام.

والثاني - وهو طريقة أصحابنا البغداديين -: أنه بلوغ؛ لما «روت أم سليم - رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا - قالت: سألت النبي - صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ - عن المرأة ترى في منامها ما يرى الرجل، فقالت أم المؤمنين عائشة: فضحت النساء، أويكون ذلك؟ فقال - صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ -: فيم الشبه؟ إذا رأت ذلك.. فلتغتسل» فأمرها بالاغتسال، فثبت أنها مكلفة.

Kitab Al-Bayan 6/219
Naha budak awewe nu ngimpi basah nunjukkan baligh?
Aya dua wajah:
1. Teu nunjukkeun baligh
2. Nunjukkeun BALIGH

Wallaahu A'lamu Bis Showaab.
Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I

No comments:

Post a Comment