Upami dina sejarah peradaban Islam
tos kamasyhur yen anu ngawitan ngayakeun sareng nganjurkeun Maulid Nabi janten
acara resmi kanagaraan,bahkan janten “mendunia” nyaeta Sultan salahuddin Al
Ayyubi di Mesir.Namung sateuacanna tos aya Raja Kurdi nu ngawitan sareng biasa
ngayakeun Maulid Nabi,nyaeta Raja Mudzofar.
Saur Al Hafidz As Suyuthi (wafat taun 911H) dina kitab al Hawi Lil Fatawi:
وَأَوَّلُ مَنْ أَحْدَثَ فِعْلَ ذَلِكَ صَاحِبُ إِرْبِلَ اَلْمَلِكُ اَلْمُظَفَّرُ أَبُوْ سَعِيْدٍ كُوْكُبُرِيْ بْنُ زَيْنِ الدِّيْنِ عَلِيِّ بْنِ بُكْتِكِيْنَ أَحَدُ الْمُلُوْكِ الْأَمْجَادِ
وَالْكُبَرَاءِ اَلْأَجْوَادَ وَكَانَ لَهُ آثارٌ حَسَنَةٌ وَهُوَ الَّذِيْ عَمَّرَ الْجَامِعَ الْمُظَفَّرِيَّ بِسَفْحِ قَاسِيُوْنَ
“Jalmi nu pang pertamana ngayakeun hal nu saperti kitu (Maulid Nabi) eta pamingpin tanah Irbil, Raja Mudzhoffar Abu Sa’id Kaukaburi bin Zainuddin Ali Ibnu Baktikin, salah saurang raja nu mulia, agung sareng berehan. Anjeuna ngagaduhan titinggal nu sae sareng anjeuna nu neraskeun ngabangun Masjid al- Mudhoffariy dina suku gunung Qosiyun”.
قَالَ ابْنُ كَثِيْرٍ فِيْ تَارِيْخِهِ: كَان يَعْمَلُ الْمَوْلِدَ الشَّرِيْفَ فِيْ رَبِيْعِ الْأَوَّلِ وَيَحْتَفِلُ بِهِ اِحْتِفَالًا هَائِلًا وَكَانَ شَهْمًا شُجَاعًا بَطَلًا عَاقِلًا عَالِمًا عَادِلًا رَحِمَهُ اللهُ وَأَكْرَمَ مَثْوَاهُ
Al Hafidzh Ibnu Katsir nyaurkeun dina tarikhna (Al Bidayah wa Annihayah): Raja Mudzoffar ngayakeun Maulid nu mulia dina bulan Robi’ul Awwal. Anjeuna ngarayakeunnana kalawan perayaan nu gede pisan.
Raja Mudhoffar eta raja nu gaduh otak celakan, gagah tur wani, pinter akalna, alim sareng adil. Rohimahullaah wa akrama Matswaah (muga-muga Allah mikaasihna sareng nempatkeunnana dina tempat nu pang saena)
قَالَ وَقَدْ صَنَّفَ لَهُ الشَّيْخُ أَبُو الْخَطَّابِ بْنُ دِحْيَةَ مُجَلَّدًا فِي الْمَوْلِدِ النَّبَوِيِّ سَمَّاهُ (اَلتَّنْوِيْرَ فِيْ مَوْلِدِ الْبَشِيْرِ النَّذِيْرِ) فَأَجَازَهُ عَلَى ذَلِكَ بِأَلْفِ دِيْنَارٍ، وَقَدْ طَالَتْ مُدَّتُهُ فِي الْمُلْكِ إِلَى أَنْ مَاتَ وَهُوَ مُحَاصِرٌ لِلْفِرنْجِ بِمَدِيْنَةِ عَكَّا سَنَةَ ثَلَاثِيْنَ وَسِتِّمِائَةٍ مَحْمُوْدُ السِّيْرَةِ وَالسَّرِيْرَةِ،
Al Hafidzh ngalajengkeun: “Al Hafidzh Syeikh Abul Khoththob Ibnu Dihyah ngarang hiji karangan ngeunaan Maulid sa jilid nu dingaranan “At-Tanwir fii Maulidilbasyiirinnadzhiir” maka raja Mudhoffar masihan hadiah ka anjeuna ku 1000 dinar. Mangsa pamarentahan anjeuna lami, dugi ka anjeuna wafat dina kaayaan anjeuna ngepung Ifrinj (urang kafir Eropa) di kota Akkaa dina taun 630 H. Anjeuna jalmi terpuji tingkah lakuna sareng
jiwana.”
وَقَالَ سِبْطُ ابْنِ الْجَوْزِيِّ فِيْ مِرْآةِ الزَّمَنِ: حَكَى بَعْضُ مَنْ حَضَرَ سِمَاطَ الْمُظَفَّرِ فِيْ بَعْضِ الْمَوَالِدِ أَنَّهُ عَدَّ فِيْ ذَلِكَ السِّمَاطِ خَمْسَةَ آلَافِ رَأْسِ غَنَمٍ شَوِيٍّ وَعَشْرَةَ آلَافِ دَجَاجَةٍ وَمِائَةَ فَرَسٍ وَمِائَةَ أَلْفِ زُبْدِيَّةٍ وَثَلَاثِيْنَ أَلْفَ صَحْنِ حَلْوَى
(Al Hafidzh ngalajengkeun) Incu Imam Ibnul Jauzi nyaurkeun dina Mir`aatuz Zaman: “Sawareh jalmi nu pernah ngahadiran jamuan Raja Muzhaffar dina sababaraha Maulid, anjeuna ngitung dina perjamuan eta aya 5.000 hulu embe bakar, 10.000 hayam, saratus kuda, 100.000 roti mantega sareng 30.000 piring kue.”
Sumber Kitab:
Al Haawi Lil Fataawi 1/272, tina maktabah syamilah
Dina kitab Al Fat_hurrobbaani Min Fataawaa al Imam Asysyaukaani juz II halaman 1087 (tina maktabah al jail al jadid, Yaman) disaurkeun:
وَأَجْمَعُوْا أَنَّ الْمُخْتَرِعَ لَهُ اَلسُّلْطَانُ اَلْكُرْدِيُّ اَلْمُظَفَّرُ أَبُوْ سَعِيْدٍ كُوْكُبُوْرِي بْنُ زَيْنِ الدِّيْنِ عَلِي سَبَكْتِيْنَ صَاحِبُ إِرْبِلَ
Aranjeuna (para Ulama) mupakat saenyana jalmi nu pertama ngayakeun Maulid eta Sultan Kurdi al Mudzhoffar Abu Sa’id Kaukabuuri bin Zainuddin Ali Sabaktin, pamingpin Irbil
Wallaahu A’lam
SUMBER: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S. Pd. I (Pimpinan Pon Pes Daarul Mutaalimin, Malingping Rancah Ciamis)
No comments:
Post a Comment