PERTANYAAN :
Assalamu'alaikum..
Kumaha upami niat puasa Romadlon sabulaneun disakaliguskeun.Ku ngucapkeun "Nawaitu shouma syahri romadlon kullihi; niat abdi puasa bulan Romadlon sakabehna".
JAWABAN :
>>
Niat puasa sabulaneun penuh dina malem awal puasa Romadlon hukumna di sunahkeun.
Sedengkeun hukum niat pikeun puasa dina poe-poe saatos poe pertama ulama beda pendapat (khilaf):
-Nurutkeun madzhab syafi'iyah niat puasa pikeun sabulan penuh eta cukup pikeun puasa sapoe nu pertama wungkul,sahingga satiap poe puasa Romadlonna wajib diniatan,lamun teu diniatan maka teu sah puasana sabulan eta kecuali puasa Romadlon poe pertamana wungkul.
-sedengkeun nurutkeun Imam Malik niat puasa Romadlon pikeun sabulan penuh tos nyukupan,sahingga pikeun poe-poe satuluyna teu wajib deui niat.Nu hartina lamun teu niat oge tos sah karena niata tos sabulan penuh dina wengi pertama awal puasa Romadlon eta.
Kitab Hasyiyah Qolyubi wa 'Umairoh 2/67
Kitab al Majmu' Syarah Muhadzab 6/303 sareng Hasyiyah al Bajuri 1/288
>>
Sakedik oge kutipan tina Safinah.
فلو نوى ليلة اول رمضان صوم جميعه لم يكف لغير اليوم الاول ، لكن ينبغى له ذلك ليحصل له صوم اليوم الذى نسي النية فبه عند مالك كما يسن له ان ينوى اول اليوم الذى نسيها فيه ليحصل له صومه عند ابى حنيفة و واضح ان محله ان قلد و الا كان متلبسا بعبادة فاسدة فى اعتقاده و هو حرام
كاشفة السجا ١١٧
Lamun hiji jalma niat dina awal malem bulan Romadlon pikeun ngalakukeun puasa sadayana ( sabulan full) maka nurutkeun Madzhab Syafi’i teu cukup. Kawajiban niat kudu dilakukeun dina tiap malemna. Tapi nurutkeun pendapat madzhab Maliki niat sadaya puasa sabulan eta sunah hal ieu pikeun ngajaga puasa nu poho teu diniatan. Hal nu oge disaurkeun ku Madzhab Hanafi.
Tapi nu perlu jadi catetan eta urang teu meunang nyampur adukeun madzhab. Lamun ieu dilakukeun maka nu kajadian eta karuksakan ibadah.
>>
Nurutkeun Syafi'iyyah SUNNAH jeung ngan nyukupan niat eta pikeun malem pertama wungkul sedeng pikeun Malikiyyah bisa nyukupan dina malem-malem Romadlon satuluyna salami sabulan lamun kabeneran manehna poho ngajalankeun niat.
قَوْلُهُ : ( التَّبْيِيتُ ) أَيْ كُلَّ لَيْلَةٍ عِنْدَنَا كَالْحَنَابِلَةِ وَالْحَنَفِيَّةِ وَإِنْ اكْتَفَى الْحَنَفِيَّةُ بِالنِّيَّةِ نَهَارًا لِأَنَّ كُلَّ يَوْمٍ عِبَادَةٌ مُسْتَقِلَّةٌ وَلِذَلِكَ تَعَدَّدَتْ الْكَفَّارَةُ بِالْوَطْءِ فِي كُلِّ يَوْمٍ مِنْهُ ، وَيُنْدَبُ أَنْ يَنْوِيَ أَوَّلَ لَيْلَةٍ صَوْمَ شَهْرِ رَمَضَانَ أَوْ صَوْمَ رَمَضَانَ كُلَّهُ لِيَنْفَعَهُ تَقْلِيدُ الْإِمَامِ مَالِكٍ فِي يَوْمٍ نَسِيَ النِّيَّةَ فِيهِ مَثَلًا لِأَنَّهَا عِنْدَهُ تَكْفِي لِجَمِيعِ الشَّهْرِ ، وَعِنْدَنَا لِلَّيْلَةِ الْأُولَى فَقَطْ .
(Katerangan niat dina peutingna) hartina dina satiap malem dina bulan Romadlon nurutkeun kalangan Kami (Syafi’iyyah) saperti pendapat kalangan Hanabilah sareng Hanafiyyah ngan bae di kalangan Hanafiyyah nganggap cukup lamun niatna dilakukeun dina waktu siang.
Sabab satiap poe dina bulan Romadlon eta ibadah tersendiri kumargi kitu diwajibkeun mayar loba kaffaarat (denda pelanggaran) sabab sababaraha kalina sapatemon/senggama dina siangna dina satiap poe-poe Romadlon tapi disunahkeun dina malem pertama dina bulan Romadlon niat puasa sabulan penuh pikeun nyandak kamanfaatan taqlid dina pendapat Imam Malik nu nganggap niat eta nyukupan lamun poho niat dina malem-malem satuluyna dina sadaya malem Romadlon sareng pikeun kami (Syafi’iyyah) niat nu saperti kitu ngan nyukupan dina malem pertama wungkul.
Kitab Hasyiyah al-Qolyuby V/36
Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I
No comments:
Post a Comment