PERTANYAAN :
Assalamualaikum wr.wb. Kumaha hukum qurban ku cara arisan ?
JAWABAN :
>
Lamun arisan eta ngan sakadar bergiliran ngalaksanakeun kurban ku domba atawa sapi bari teu nangtukeun kapemilikan sacara penuh ka peserta arisan masing-masing hartina domba atawa sapi eta can ditangtukeun kapemilikannana ka jalma nu ngalaksanakeun kurban maka eta teu sah karena kapemilikannana can ditangtukeun.
Conto lamun 2 jalma boga 2 domba sacara musyarokah(babarengan)atawa leuwih ti 7 urang bermusyarokah kana 2 sapi maka eta teu cukup jeung teu sah.Kitu oge lamun 14 urang ngabogaan 2 sapi tapi can ditangtukeun hiji-hijina maka eta teu sah karena tiap jalma lain ngabogaan 1/7 tina 1 sapi tapi ngabogaan 1/14 tina 2 sapi.Kitu oge lamun 8 urang bermusyarokah dina 2 sapi maka hukumna oge teu sah karena sa urang tinu 8 eta teu ngabogaan 1/8 tina 2 sapi jadi disebut teu mu'ayyan(ditangtukeun) sareng teu dipastikeun.
Kasimpulan : lamun tina arisan eta ngan sakadar ngaluarkeun tabungan terus pikeun meuli sapi bari teu nangtukeun saha nu ngabogaan sapi eta maka eta teu sah,sarua halna jeung kurban hiji embe nu teu ditangtukeun.Tapi lamun ngan arisan dina ngumpulkeun artos nu hasilna dipastikeun milik jalma nu tangtu pikeun dibeulikeun sato nu tangtu atawa oge hasil tina arisan eta dibeulikeun kana sato sareng sato eta tos dimilikeun ka jalma nu tangtu kalawan akad ngahutangkeun ti jalma sejen (peserta arisan nu teu meunang) tuluy dibeulikeun kana sato kurban kalawan akad ngahutang artosna maka eta sah. Tina Kitab Nihayatul Muhtaj jilid 2 shohifah 4.
لواشترك اثنان في شتين في تضحية أو هدية لم يجزء.وقال الرشيدومثله لواشترك أربعة عشرفي بدنتين لأن كلاإنماحصل له سبع البدنتين فلم يحصل له من كل إلانصف سبع وذلك لايكفي لانه لايكفي إلاسبع كامل من بدنة واحدة وفاقا لم ر.وقياسه عدم الإجزاءإذااشترك ثمانية في بدنتين إذيخص كلامن كل بدنة ثمن لايكفي
Kitab Nihayatul Muhtaj II/hal IV
Wallahu A’lam.
Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I
No comments:
Post a Comment