Friday, July 5, 2013

Masail Fiqhiyah I: Ganti Rugi

PERTANYAAN
Assalamu'alaikum, tumaros kumaha hukumna duit pampasan/ganti rugi , pikeun si pelaku sareng nu dirugikeun?Conto.Anak tatangga meupeuskeun kaca jandela rorompok,conto deui, aya nu nabrak motor kuring?

JAWABAN
Ngaruksak hiji perkara nu nepi ka teu bisa dimanfa'atkeun deui ku pemilikna maka pikeun pelaku wajib ngagantiannana boh barang nu diruksak eta mangrupa harta atawa mangrupa barang nu meunang dimanfa'atkeun (mutaqowwam) boh ngaruksak sacara langsung atawa kusabab ngalakukeun hiji perkara nu jadi penyebab ruksakna eta barang, iwalti barang najis saperti khomer jsb maka teu wajib ngagantiannana karena teu kaasup barang nu mutaqowwam.Lamun nu ngaruksak eta budak leutik nu can baligh maka tetep wajib ngagantiannana tina hartana si budak (atawa orang tuana) : Kitab Al-Fiqh Al-Islamy Wa Adillatuhu V / 740 – 745.
الإتلاف هو إخراج الشيئ من أن يكون منتفعا به منفعة مطلوبة منه عادة وهو سبب للضمان___وإذا وجب الضمان بالغصب فبالإتلاف أولى لأنه إعتداء وإضرار محض ولا فرق بين أن يقع الإتلاف مباشرة وهو إلحاق الضرر من غير واسطة بمحل التلف أو تسببا وهو إرتكاب فعل في محل يفضى إلى تلف غيره___شروط الإيجاب الضمان بالإتلاف أن يكون الشيئ المتلف مالا فلا ضمان بالإتلاف الميتة وجلدها ونحوها مما ليس بمال عرفا وشرعا وأن يكون متقوما بالنسبة للمتلف عليه والمتقوم هو ما يباح الإنتفاع به شرعا في غير حال الإضطرار فلا ضمان بإتلاف خمر أو خنزير لمسلم سواء أكان المتلف مسلما أم ذميا لعدم تقوم الخمر والخنزير في حق المسلم إذ لا يباح له الإنتفاع بها شرعا فلا قيمة لهما. الفقه الإسلامي وأدلته ٥/٧٤٠-٧٤٥ 
Kitab Kasyifatus Saja halaman 13.
قال صلى الله عليه و سلم رفع القلم عن ثلاثة عن النائم حتى يستيقظ وعن الصبي حتى يحتلم وعن المجنون حتى يعقل أحرجه أبو داود والترمذي فالمراد بالقلم قلم التكليف دون قلم الضمان لأنه من خطاب الوضع فيجب ضمان المتلفات والدية عليهم من مالهم.  كاشفة السجا ص : ١٣
Nurutkeun Imam Syafi'i barang nu diruksak eta saatos diganti bakal tetep jadi milikna pemilik barang, sedengkeun nurutkeun madzhab Hanafiyah jadi milik jalmi nu ngagantian :

Kitab Al-Fiqh Al-Islamy II / 96 dan Al-Fiqh Al-Islamy V / 755

.وقال الشافعي وغيره لا تملك المضمونات بالضمان فيجتمع القطع والضمان لتعدد السبب وعدم إسناد الضمان إلى وقت الأخذ. الفقه الإسلامي ٦/٩٦
  
قال الحنفية يملك الغاصب الشيئ المغصوب بعد ضمانه من وقت وجود الغصب حتى لا تجتمع البدل والمبدل في ملك المالك. الفقه الإسلامي ٥/٧٢٣

 Lamun barang nu diruksakkeun mangrupa mitsliy / barang nu ditaker atwa ditimbang maka kudu ngagantian barang eta ku nu sarua atawa lamun teu dipendakan nu sarua maka kudu ngagantiannana kalawan hargana nu pang mahalna di antara waktu ngaruksakna sareng teu dipendakan nu sarua, tapi lamun dina nalika teu dipendakan nu sarua maka meunang ngagantina kalawan harga barang eta lamun dua belah pihak pada-pada ridlo.

Kitab I'anah At-Tholibin III / 139 - 140

.ويضمن مثلي وهو ما حصره كيل أو وزن____بمثله في أي مكان حل به المثل فإن فقد المثل فيضمن بأقصى قيم من غصب إلى فقد ويجوز أخذ القيمة عن المثلي بالتراضي__ وحيث وجب مثل فلا أثر لغلاء أو رخص__و يضمن متقوم أتلف كالمنافع والحيوان بالقيمة___بأقصى القيم من حين الغصب إلى حين التلف. إعانة الطالبين ٣/١٣٩-١٤٠

 Kitab Nihayatul Muhtaj V / 160

فما حصره عد أو ذرع كحيوان وثياب متقوم.نهاية المحتاج ٥/١٦٠
Lamun barang nu diruksak mangrupa mutaqowwam / barang nu diitung atawa diukur maka kudu ngaganti hargana ku nu pang mahalna antara waktu ngaruksak sareng ngagantiannana.

Wallaahu A'lam Bishshowaab

SUMBER: Ust. Muhammad Ali Nurdin, S. Pd. I (Pimpinan Pon Pes Daarul Mutaalimin)

No comments:

Post a Comment