PERTANYAAN :
Assalamu'alaikum,nalika abdi negor lalaki nu teu juma’ahan,abdi nyarios kieu : sakali saurang lalaki ninggalkeun sholat jum'at maka manehna nyieun dosa gede sarua jeung zina. Tapi ternyata jalmina malah ngamuk. Wassalam.
JAWABAN :
>
Wa'alaikumussalam,nu langkung sae redaksi bahasa nu halus,menyentuh,ulah nu menyinggung nalika urang negor hiji jalmi.
Dina katerangan,saha jalma ninggalkeun sholat jum'at bari teu aya udzur dugi ka 3 X sacara tuluy-tuluy maka Alloh bakal nutup panto hate sahingga teu bisa narima perkara haq/kabeneran sareng mau'idzoh/pituah.Riwayat nyaurkeun eta jalmi tos ninggalkeun syari'at agama , dicap / dicatet salaku jalma munafiq, sanes salaku tukang zina :
.من ترك ثلاث جمع تهاونا بها طبع الله على قلبه من ترك الجمعة ثلاث جمع متواليات فقد الإسلا وراء ظهره يعني بلا عذر شرعي من ترك ثلاث جمعات من غير عذر كتب من المنافقين
Jalma nu ninggalkeun sholat jum'at kalawan teu ayana udzur maka disunahkeun sodakoh seueurna 1 dinar atwa 1/2 dinar. :
.قال في المجموع يستحب لمن ترك الجمعة بلا عذر أن يتصدق بدينار أو نصفه لخبر أبي داود وغيره.إعانة الطالبين ٢/٥٢
Kitab I’anatu Tholibin jilid 2 hal 52
>
Bismillah...
Allah ngadawuh : "He jalma-jalma nu ariman, lamun digero pikeun ngalaksanakeun sholat Jum'at, maka buru-buru anjeun kana inget ka Allah jeung tinggalkeun ku anjeun jual beuli" (QS. Al-Jumu'ah:9)
Rosulullah Shollallahu 'Alaihi Wasallam ngadawuh : "Saenyana hiji kaom eureun tina ninggalkeun sholat Jum'at atawa saenyana Allah bakal matri hate maranehna terus maranehna robah jadi jalma nu poho" (HR. Muslim)
Rosulullah Shollallahu 'Alaihi Wasallam ngadawuh : "Saha jalma nu ninggalkeun sholat Jum'at bari teu aya hiji catetan salaku jalma munafik nu moal dihapus jeung ditukeur" (HR. Muslim)
Rosulullah Shollallahu 'Alaihi Wasallam ngadawuh : "Saha jalma nu ninggalkeun tilu kali sholat Jum'at sabab nyeleweng, maka manehna bakal dikonci mata hatena" (HR. Ahmad)
Wallahu A'lam
Sumber: Ust. Asep Muhammad Ali Nurdin, S.Pd.I (Pimpinan Pondok Pesantren Daarul Muta'alimin, Malingping - Rancah - Ciamis)
No comments:
Post a Comment